WARTA

Srikandi Kota Jadi Lurah Cipawitra

×

Srikandi Kota Jadi Lurah Cipawitra

Sebarkan artikel ini
Srikandi Kota
Hj. Sri Nuryeni, S.Sos., M.Si. salah sahiji Srikandi Kota Tasikmalaya anu Kapeto dilantik ku Walikota jadi Lurah Cipawitra Kecamatan Mangkubumi, Juma'ah (31/10/2025)

MÉRÉBÉJA.COM. – Walikota Tasikmalaya Viman Alfarizi Ramadhan, ngalantik 192 pajabat struktural eselon II, III jeung IV di lingkungan Pemkot Tasikmalaya, poé Juma’ah (31/10/2025).

Diantawis anu dilantik nyaéta Sri Nuryeni, S.Sos., M.Si. anu Kapeto mancén janten lurah Cipawitra wewengkon anu aya di Kecamatan Mangkubumi. Leuwih ti dua puluh taun ngabdi jadi ASN, mimiti anjrub taun 2002 jadi Pelaksana Désa di Sambongjaya (méméh jadi Kota), geus cukup masagi pangaweruh dina birokrasi, jadi modal keur neruskeun babakti ka nagri.

Program munggaran anu baris dilaksanakeun, maheutkeun heula silaturahmi jeung pupuhu lembur , tokoh agama, tokoh masyarakat jeung lembaga-lembaga anu aya di lingkungan Kelurahan Cipawitra.

“Nu awalan mah baris nyambungkeun silaturrahmi sareng sadaya pihak di wilayah Kelurahan Cipawitra, ogé neruskeun program kelurahan anu kamari” kedal Bu Lurah anu karesepna olahraga jeung naék gunung.

Bu Lurah gede harepan baris terus sareundeuk saigel sabata sarimbangan jeung sadaya pihak, dina raraga ngawangun Cipawitra Ngahiji, Cipawitra Maju jeung Cipawitra Santun. Mun ieu ngawujud tangtu program pamaréntah lancar rahayatna sejahtera.

Tatapakan ngabdi ka nagri

2002 – 2003 : Pelaksana Desa Sambongjaya
2014 : Kasi Kesra & Ekbang Kel. Cipari
2017 : Kasi Kesra & Ekbang Kel. Sambongjaya
2020 : Seklur Sambongjaya
2022 : plt. Lurah Sambongjaya
2024 : plt. Kasipemtrantib Kel. Sambongjaya
2025 : plt. Seklur Linggajaya
2025 (30 oktober 2025) : Lurah Cipawitra