Yeuh poma lamun ngaliwat ka hareupeun batur sumawona ka payuneun guru, kadé kudu rengkuh bari nyarios punten !”, kitu papatah kolot kanu jadi anakna, “Kadé ulah kawas hayam” kitu pungkasna.
Papatah kudu rengkuh nepi ka kiwari masih sumarambah dina bayah, lir nyuruput bajigur dina wanci hujan dibarengan ku seupan bebetian. Bari osok dilarapkeun sakumaha panitah kolot malahan dibarengan ku imut sagala.
Rengkuh samodél kitu hiji polah anu jadi cicirén urang Sunda . Nu boga wateuk dépé-dépé handap asor, matak kawentar urang sunda balageur. Ku lempangna gen geus silih ajénan.
Komo anu badé diliwatan téh jalmi anu dipikaajrih ku salembur, sapertos Ajengan, Ustad jeung pupuhu lembur. Ti saméméh ngaliwatan geus rengkuh tiheula, cari méré ajén kaaranjeuna. Polah kitu lain feodal, tapi némbongkeun rasa ajrih kanu leuwih luhung.
Rengkuh anu geus jadi karakter jeung ngabudaya di urang sunda, kiwari jarang katingali dipilampah ku nonoman. Lolobana mah mung ngaliwatan sok komo deui jeung anu teu wawuh, ééh lempeng teu rengkuh teu kedal punten-punten acan.
Hampura lain rék ngabandingkeun jaman baheula jeung ayeuna, tapi mun bisa mah budaya luhur warisan kolot baheula tetep aya ulah nepi ka jati kasilih ku junti. Geus jadi kawajiban urang anu geus kolot, ulah bosen mapagahan barudak tong nepi jiga hayam dina lalampahan.











