WARTA

Maluruh Lahan Keur Gedung KMP Linggajaya di X-terminal Cilembang

×

Maluruh Lahan Keur Gedung KMP Linggajaya di X-terminal Cilembang

Sebarkan artikel ini
X-terminal Cilembang Gedung Koperasi
Pangurus Koperasi Merah Putih Linggajaya dibarengan ku Lurah, Babinsa, Kasikesra maluruh x-terminal Cilembang pikeun diusulkeun jadi lahan keur diwangun gedung Koperasi Merah Putih, Salasa (4/11/2025)

Pangurus Koperasi Merah Putih Linggajaya (KMP) dibarengan ku Ketua Pengawas KKMP Lurah Linggajaya kalih réngréngan, maluruh lahan keur diusulkeun pikeun wangunan kantor koperasi di x-terminal Cilembang, poé Salasa (4/11/2025).

Sakumaha numutkeun Instruksi Presiden No. 17 Taun 2025 ngenaan Pangwangunan Gerai jeung Gudang Koperasi Merah Putih, anu bakal dikokolakeun ku PT. Agrinas Pangan parusahaan anu geus ditunjuk ku pamaréntah.

Budi Sugianto anu jadi pupuhu KMP Linggajaya ngusulkeun sabagian lahan x-terminal Cilembang bisa disatujuan ku papayung agung Pemkab Tasik, sabab ieu lahan kaasup aset Kabupatén Tasikmalaya.

“Ngajukeun x-terminal Cilembang sabab lahanna aya di wewengkon Kelurahan Linggajaya, lahanna lega jeung strategis” kitu ugeurna Kang Budi.

Sedengkeun Ketua Pangawas Koperasi Hendri Suhendri, S.IP. boga hareupan anu akur, mun ningali kana syarat mah geus asup kana kriteria ti pamaréntah pusat.

” Urang ikhtiar tempuh heula prosedur antara Pemkot jeung Pemda, sabab ieu lahan aset Kabupatén lamun persyaratan sapuratina geus cumpon urang ajukeun ka pamaréntah ” kitu kasauran Lurah Linggajaya. Gede harepan kahayang sabagian lahan x-terminal Cilembang jadi kantor KMP bisa tinekanan.