WARTA

KKG Gugus Mang Koko Gelar Panglawungan Budaya

3
×

KKG Gugus Mang Koko Gelar Panglawungan Budaya

Sebarkan artikel ini

Mérébéja_Indihiang, Dina raraga ngaronjatkeun kaparigelan guru, Kelompok Kerja Guru (KKG) di Gugus Mang Koko Kecamatan Indihiang Kota Tasikmalaya ngagelar Panglawungan Budaya ngaguar ngeunaan Budaya tutur jeung Kaulinan Tradisional, anu tempatna di SDN 1 Sindangpalay poé Senen (19/10/2026).

Kagiatan panglawungan geus jadi rutin saban bulan di KKG Gugus Mang Koko, anu maksudna nyaéta pikeun ngaronjatkeun kaparigelan guru dinararaga ngigeulan kamajuan zaman tapi teu ninggalkeun akar budaya luhung urang sunda.

Panglawungan Budaya dirojong ku Ketua K3S gugus Mang Koko, anjeuna gaduh hareupan sangkan guru panceug teu ninggalkeun budaya sunda .

“Guru boga kawajiban keur miropéa, ngamumulé jeung ngembangkeun budaya sunda. Kukituna guru kudu dibekelan pangaweruh ngeunaan budaya ku acara somedel kieu” unggeul Budiman, M.Pd. pupuhu K3S Gugus Mang Koko.

Budaya urang sunda anu mibanda ajén inajén anu luhung kalintang réana, ulah nepi ka tumpur kalindih ku budaya deungeun. Diharepkeun tina Panglawungan Budaya bisa ngaweuweugan guru, sangkan bisa ngalarapkeun dina kagiatan pembelajaran di sakola.

“Ngamumulé budaya teu cukup ukur dina acara ceremonial atawa FTBI, tapi dipaké sapopoé disakola diantawisna budaya tutur jeung kaulinan barudak” jelas Ayi Solihudin, S.Pd. nu jadi pupuhu panata calagara Panglawungan Budaya Gugus Mang Koko.

Hadir anu jadi juru catur Abah Irwan pupuhu Komunitas Kaulinan Icikibung, anu ngaguar ngeunaan budaya tutur jeung medar Kaulinan Tradisional.

Penulis: Sariju
WARTA

Tasik_Boboko, Nincak semester kahiji sanggeus di deklarasikeun, Bobotoh Kolot…