WARTA

Workshop Kaulinan Tradisional KKG Gugus Mang Koko

43
×

Workshop Kaulinan Tradisional KKG Gugus Mang Koko

Sebarkan artikel ini

Mérébéja_Indhiang,  Dina poé kadua kagiatan Sawala Budaya KKG Gugus Mang Koko, ngagelar Workshop Kaulinan Tradisional di SDN 1 Sindangpalay Kecamatan Indihiang Kota Tasikmalaya, poé Kemis (22/10/2026).

Numutkeun Undang-undang Nomor 5 Taun 2017, Kaulinan Tradisional atawa Permainan Rakyat kaasup dina 10 objek Pemajuan Kebudayaan jeung mangrupa Warisan Budaya Tak Benda (WBTB). Numutkeun Abah Irwan anu jadi panyatur dina éta acara, yén kaulinan mangrupa warisan sepuh anu ampuh.

“Kaulinan Tradisional mibanda falasifah anu kalintang ahéngna, saperi sauyunan, basajan, parigel, waringkas jeung anu séjén, anu hadé pikeun ngawangun karakter barudak” kitu kasauran Abah Irwan pupuhu ICIKIBUNG.

Puluhan guru anu jadi pamilon Workshop karak eungeuh , horéng gening kaulinan teh sakitu ahéngna saatos dipedar ku Abah Irwan. Kuhalsakitu Kaulinan tiasa jadi bahan atikan keur guru di sakolana sewang-sewangan malihan nambah pangaweruh dina hal budaya lokal.

“Kaulinan tradisional anu kungsi ka luliluli sing horéng kacida muneulna ku atikan. Kagiatan ieu nambihan pangaweruh jeung pangalaman anu hadé yén kaulinan mibanda ajén inajén anu luhung”, kasauran Maulida Mutiarani S.Pd. salah sawios pamilon.

Materi ngenaan kaulinan dipedar ku Abah Irwan kalayan jéntré pérélé, timimiti kaulinan sorangan-sorangan nepi ka kaulinan lobaan, dipedar ku kabungah matak jauh kana pitunduheun. Ageung harepan pamugi élmu kaulinan tiasa dipraktekkeun jeung dijadwalkeun rutin di satiap satuan pendidikan.

“Alhamdulillah panglawungan budaya anu salami dua dinten dilaksanakeun paragat réngsé. Anu jadi harepan pamugi bisa dipraktekkeun disakolana sewang-sewangan atuh minimal saminggu sakali” kitu harepan Ketua KKG Gugus Mang Koko, Budiman, M.Pd.

Penulis: Sariju
WARTA

Tasik_Boboko, Nincak semester kahiji sanggeus di deklarasikeun, Bobotoh Kolot…