WARTA

Silatrik Boboko Tasik

21
×

Silatrik Boboko Tasik

Sebarkan artikel ini

Tasik_Boboko, Nincak semester kahiji sanggeus di deklarasikeun, Bobotoh Kolot (BOBOKO) Persib Distrik Tasikmalaya baris ngagelar acara Silaturahmi Distrik Tasik anu bakal dilaksanakeun poé Minggu, (18/10/2026) anu tempatna di Salopa Kabupaten Tasikmalaya.

Numutkeun Abah Irwan Ketua Boboko Distrik Tasik, acara SILATRIK TASIK jadi rohang keur ngaheuyeukeun anggota Boboko Persib. “Kurang leuwih aya 150 anggota Boboko Persib anu gabung di Distrik Tasik, hareupan tiasa hadir sangkan langkung rakeut tali mimitran” tandas Abah Irwan.

Dina acara SILATRIK TASIK bakal dieusi ku mangrupa-rupa kagiatan, hal ieu dijelaskeun ku Ali Husni anu kapeto janten pupuhu acara, jelas anjeuna “Aya tilu kagiatan utama dina SILATRIK, nyaeta ngenaan kaanggotaan, santunan jeung dipungkas ku nonton bareng Persib vs Persik”.

Santunan baris dipasihkeun ka lansia jeung anak yatim anu aya di sabudereun lokasi acara, santunan bakal jadi program rutin Boboko Distrik Tasik pami medar acara nobar, pungkas Kang Ali sakaligus anjeuna Wakil Ketua Boboko Tasik.