Tasikmalaya_Boboko, Bobotoh Kolot (Boboko) Distrik Tasik ngagelar santunan babagi ka yatim jeung jompo, anu jadi rangkaian tina acara Silaturahmi Distrik, anu tempatna di Kampung Cikembang 2 Desa Karyamandala Kecamatan Salopa Kabupaten Tasikmalaya, poé Minggu (18/10/2026).
Pupuhu panata calagara Silatrik Ali Husni nguningakeun dina biantara sambutan, yén kagiatan santunan mangrupa kagiatan rutin Boboko Distrik Tasik di satiap acara nobar Persib Bandung, dana keur santunan hasil réréongan ti anggota Boboko.
“Nuhun ka sadaya anggota anu tos ngarojong kanggo santunan, nyakitu deui kanu nampi hatur lumayan sanés teu hoyong ageung masihan mung tiasa alakadarna, tapi pamugi janten céngcéléngan kasaéan kanggo sadayana” unggeul Kang Ali.
Nyakitu deui Aj. Muhidin salaku pupuhu lembur Cikembang ngiring bingah tur reueus kana acara anu digelar ku Boboko, jeung ngaraos aneh aya acara Nobar Persib dideudeulan ku santunan.
“Simkuring ngaraos bingah asa kagunturan madu, kasumpingan Boboko Tasik tiasa babagi sareng ngahibur ku acara santunan sareng nonton bareng, pamugi nambih barokah” kitu unggeukna.
Saréngséna acara santunan, bada magrib dilajengkeun nobar Persib Bandung vs Persik Kediri bareng warga Cikembang, bungah kacida Maung Bandung menang 1-0 hasil tina hedenan Julio Caesar dimenit ka-77.











