WARTA

Gelaran Akbar Milangkala ka-23 IGRA Tingkat Propinsi Jawa Barat

×

Gelaran Akbar Milangkala ka-23 IGRA Tingkat Propinsi Jawa Barat

Sebarkan artikel ini
Gelaran akbar
Rébuan guru RA hadir dina acara Milangkala ka-23 IGRA Tingkat Propinsi Jawa Barat, Rébo (29/10/25) di Trans Studio Bandung

MÉRÉBÉJA.COM – PW IGRA (Ikatan Guru Raudhatul Athfal)  ngalaksanakeun Gelaran Akbar Milangkala ka-23 IGRA Tingkat Propinsi Jawa Barat taun 2025 anu dihadiran ku rébuan guru RA, di Trans Studio Bandung, Rébo (29/10/2025).

Dihadiran ogé Gelaran Milangkala taun ayeuna ku papayung agung diantawisna, Shodik Mujahid (Anggota DPR-RI),  Dr. H. Purwanto, M.Pd. (Kasdisdik Jasbar), Ketua POKJA PAUD Jabar. ku papayung agung diantawisna, Shodik Mujahid (Anggota DPR-RI),  Dr. H. Purwanto, M.Pd. (Kasdisdik Jasbar), Ketua POKJA PAUD Jabar.

Gelaran acara milangkala IGRA mangrupa kagiatan rutina taunan nu boga tujuan pikeun rohang silaturrahmi maheutkeun tali mimitran antara guru RA, numutkeun Pupuhu Panata Calagara Milangkala ka-23 anu hadir kurang leuwih aya 6500 urang guru RA sa-Jabar,

“Alhamdulillah anu hadir kacida eyeubna ieu téh tawis nembongkeun sumangeutna Guru RA ngajaga tali mimitran anu payus jeung jejer milangkala taun ayeuna Sareundeuk Sauyunan IGRA Nanjung Komara “.

Acara dieusi ku ngébréhkeun rasa syukur motong tumpeung, mintonkeun ka parigeulan guru jeung dipungkas ku medar kaulinan tradisional bareng Icikibung, catur Kang Zenal Pupuhu Acara Milangkala.

Dina kasempetan anu akur Pupuhu PW IGRA Jawa Barat Hj. Cicih Nuraeni, S.Pd. dina biantara sambutan umajak ka rébuan guru anu hadir sangkan terus ngagedurkeun sumageut babakti ka lemah cai, ku jalan ngatik ngadidik murangkalih sangkan jadi  generasi anu utami.

“Guru RA ulah épés méér, ulah kuméok méméh dipacok sok sanajan loba halangan jadikeun tantangan, sok sanajan gaji teu sabaraha sing jadi ladang ibadah kanu Kawasa”, disagéndéngeun éta Bu haji ogé ngiatan sangkan IGRA terus nanjung, syarat utamana nyaeta sareundeuk sauyunan ulah pagirang-girang tampian.

Anjeuna umajak sangkan guru ulah poho kana akar budaya anu geus diwariskeun ku karuhun, digelar acara medar Kaulinan Rakyat jadi tarekah sangkan guru bisa jadi kokojo ngamumulé budaya hususna kaulinan.

Acara puncak milangkala tiisi ku motong tumpeng jeung maparin raga katineung mangrupa pangajén keur guru pelopor anu kawilang lila babakti jadi guru RA.

Diramékeun ogé ku pintonan guru-guru wawakil ti kabupaten kota diantawisna aya Tari Saman (Kab. Ciamis), Kabaret (Kota Bekasi), Rampak Genténg (Kab. Majalengka), Wonderland Indonesia (Kab. Garut), MAMAOS (Kab. Cianjur) ditutup ku medar kaulinan barudak ti Simpay Icikibung.