MEREBEJA.COM – Icikibung simpay (Komunitas) anu ngamumulé kaulinan barudak asal ti Kota Tasikmalaya, ka pancén jadi pangjejer catur ngenaan kaulinan barudak dina acara Milangkala ka-23 IGRA Tingkat Propinsi Jawa Barat, Rebo (29/10/25) anu tempatna di Trans Studio Bandung Jawa Barat.
Kagiatan ieu dilaksanakeun pikeun ngawanohkeun jeung ngingetan deui ngenaan Kaulinan Rakyat anu geus kaluli-luli sabab kalindih ku mahabuna kaulinan anu aya dina Gadget,ari kituna mah teu ngabibisani teu kolot teu budak Gadget geus jadi kabutuhan dina kahirupan sapopoé rék dina urusan gawé atawa kaulinan.
Abah Irwan anu jadi pupuhu Icikibung ngajelaskeun, matak lebar lamun kaulinan rakyat nepi ka tumpurna, padahal lamun dititenan kaulinan barudak mibanda falasifah anu kacida éndahna. “Falasifah tina kaulinan barudak diantara nyaéta, sauyunan, basajan, parigel, motekar jeung nyéhatkeun” tutur Abah Irwan.
Disagédéngeun mibanda falasifah, kaulinan jadi warisan budaya anu kacutat dina Undang-undang nomer 5 Tahun 2017 ngenaan Pemajuan Kebudayaan. Nyak salasahijina Kaulinan Rakyat (Permainan Rakyat), anu jadi Objek Pemakaian Kebudayaan (OPK). Abah Irwan miharep kagiatan samodel kieu jadi cukang keur ngamumulé, miroséa jeung ngembangkeun pikeun modal pangwangunan nasional dina raraga ngatik murangkalih sangkan cageur, bageur, beneur, pinter tur singeur.












