MEREBEJA.COM – Nalika bangsa deungeun nalingakeun jeung méré rohang pikeun ngaaprésiasi produk kasenian ti bangsa urang, hususna Sunda, hanjakal pisan pamaréntah Indonésia sok masih kénéh talangké.
Di antara nu jadi hahalang léngkah para seniman atawa kelompok seni nalika dihiras manggung ka mancanagara nyaéta administrasi jeung waragad.
Pangalaman siga kitu kaasaan ku kelompok musik tradisional Sunda asal Kota Tasikmalaya, Karinding Sadulur (Kasalur). Nu katilu kalina, Kasalur meunang pangajén diangkir makalangan dina salah sahiji ajang budaya “Le Rêve de L’Aborigène” di Airvault, Prancis, 25–27 Juli 2025 nu bakal datang. Hiji-hijina nu dipilih jadi wawakil Indonésia.
Féstival Le Rêve de L’Aborigène, yang digelar di Airvault, Prancis téh geus kacapangan di sakuliah dunya jadi panggung musik nu nepungkeun niléi kaarifan lokal dunya. Tina lobana kelompok étnik di dunya, ngan saeutik nu meunang pangangkir.
Hartina, nu diangkir téh ngan kelompok-kelompok petingan. Féstival éta ogé kacapangan mangrupa acara anu nolak ayana alkohol jeung ngajungjung luhur ajén-ajén budaya.
Hanjakalna, rojongan ais pangampih daérah boh ti Pamaréntah Kota Tasikmalaya atawa Pamaréntah Provinsi Jawa Barat nepi ka kiwari tacan aya. Husuna dina masalah rojongan dana pikeun operasional ka Prancis.
Ikhtiar mah eukeur dilakonan, upamana ngirim layang atawa surat sangkan bisa audiénsi ka Wali Kota jeung Disporabudpar, hanjakalna nepi ka kiwari tacan digubris.
“Ti Karinding Sadulur-réd, parantos ngajengkeun serat permohonan audiénsi ka Pemkot, ka Wali Kota, malih ka Disporabudpar. Tapi dugi ka ayeuna, teu acan aya hibar, teu acan aya jadwal,” ceuk Sandy Mizon, personil Karinding Sadulur, Saptu (17/5/2025), dicutat ti publikbicara.com.
Ménéjer Karinding Sadulur, Fiona Callaghan, nerangkeun yén layang panghiap resmi ti calagara féstival geus dicekel. Manéhna nyebutkeun, pangangkir nu geus ditampa pikeun 4 personil utama, 1 ménéjer, jeung 1 dokuméntator.
“Tikét, visa, kudu dibuktikeun ka panitia. Kami mibanda niat jeung kasumangetan, tapi kanyataanna, taya rojongan dana, kabéh mentok di wacana,” pokna.
“Kami ngan hayang mawa ngaran hadé Tasikmalaya, teu leuwih. Tapi naha kudu tuluy bajoang sorangan?” ceuk Sandy nuluykeun.
Waktu pikeun nyiar waragad beuki samporét, mun seug téa taun ayeuna Kasalur masih gagal indit nedunan pangangkir, nu leuwih rugi lain maranéhna tapi Tasikmalaya jeung Jawa Barat. Sabab Kasalur dina ieu perkara, jadi beungeut nu némbongkeun paroman kaluhungan seni budaya Sunda.
Salalar ngeunaan Karinding Sadulur, mangrupa kelompok musik nu konsén dina karinding; alat musik tradisional Sunda nu bahanna tina awi. Lain ngan di Tasikmalaya wungkul, saméméhna, Kasalur geus jarambah pisan makalangan ka ditu ka dieu. Di antarana waé sawatara waktu kaliwat ngeusian acara nu dialpukahan ku Kementerian Pendidikan dan Kebudayaan (Kemendikbud) di Bali.
Kasalur ogé ngabogaan komunitas binaan nu dingaranan Lingkar Sekar. Kelompok Kasalur digawangan ku Édoy Ngalagena salaku vokalis, Sandy Mizon pamaén celempung, Sonét pamaén karinding, jeung personil nu maén waditra séjénna. Salah sahiji karyana anu geus jadi sabiwir hiji atawa viral judulna Pasir Siloka. ***












