MEREBEJA.COM – Ekonomi global keur haliwu, Jawa Barat minangka puseur manufaktur jeung ékspor nasional salah sahiji daérah nu keuna balukarna.
Dina sawala nu jejerna “Gempuran Tarif AS: Ekonomi Indonesia di Ujung Tanduk? Dialog Kritis Mencari Solusi” alpukah Suara.com jeung Core Indonesia di El Hotel Bandung, Salasa (20/5), para ekonom, palaku industri, jeung nu mangku kawijakan niténan ancaman jeung lolongkrang, sarta ngadongsok solusi kongkrit ti tingkat daérah nepi ka nasional.
Pupuhu Rédaksi Suara.com, Suwarjono, nétélakeun balukar tina krisis geus karasa ti wangkid awal taun.
“Urang nyanghareupan rereged ékonomi anu nyata. Bandung dipilih jadi tempat sawala, alatan jadi salah sahiji séntra ékspor nasional — tékstil nepi ka furnitur — nu kiwari keur kapépéd. Ieu moméntum penting pikeun néangan cara ngungkulan nu baris jadi rujukan kawijakan nasional,” pokna.
Dumasar kana data BPS, Januari 2025 ékspor nonmigas Jawa Barat ka Amérika Serikat ngahontal USD 499,53 juta atawa 16,62% tina total ékspor nonmigas provinsi. Ari ti Bandung, ékspor ka AS bulan Maret, USD 7,7 juta.
Ngan, Bandung ogé nyanghareupan PHK massal, utamana di industri tekstil jeung produk tékstil (TPT), alatan nyirorotna pesenan jeung ngaronjatna saingan produk impor.
Kawijakan tarif anyar ti AS dipikahariwang bisa ngurangan ekspor saterusna, dina kondisi arus impor beuki meuweuh, nu antukna industri lokal kapupul bayu.
Dina sési sawala, Direktur Eksekutif CORE Indonesia, Mohammad Faisal, Ph.D., nétélakeun Indonésia nyanghareupan résiko serius alatan perang dagang AS-Tiongkok. Kapaluruh ékspor Cina ka AS, nyirorot 10,25% taun 2025, ari ékspor ka ASEAN ngaronjat nepi ka 19,1%.
Ceuk kamandang CORE, poténsi impor ilégal ti Tiongkok ngahontal 4,1 miliar USD, nagara rugi nepi ka Rp 65,4 triliun. Katurug katutuh ku ékonomi global anu ngeuyeumbeu sarta ajén Rupiah beuki kadempét.
Prof. Rina Indiastuti ti Universitas Padjadjaran ngadadarkeun balukar kawijakan AS kana industri Jawa Barat, utamana tékstil, pakéan jadi, jeung dadampal suku geus karasa. Sababaraha pausahaan rugi, tutup, jeung ngeureunkeun pagawé. Mairan kondisi kitu, Pupuhu Asosiasi Pengusaha Indonesia (APINDO) Jawa Barat, Ning Wahyu Astutik, nembrakkeun pangusaha saat kiwari nyanghareupan pasualan anu rohaka.
“Para pangusaha guligah, lain waé alatan perang dagang AS-China, tapi ogé nyanghareupan rereged séjén. Mimiti panyindekelan usaha jeung hukum anu teu pasti, maceuhna impor barang boh nu légal boh nu ilégal, nepi ka régulasi nu patumpang tindih jeung teu sinkron,” pokna.
Ning nétélakeun, prosés izin ogé remen teu transparan. Janji izin usaha réngsé dua minggu jadi mangbulan-bulan alatan kudu ngaliwatan loba méja.
Masalah tanaga nu digawé ogé kawilang réncéd, dipolitisasi, remen aya aksi démo, tur régulasi pangupa jiwa pagawé anu kapangaruha ku intervénsi pulitis.
“Pungutan liar (pungli) jeung prémanisme nu maceuh kalawan terang-terangan. Di séktor logistik, biaya-biaya teu resmi di unggal tikungan, ngabalukarkeun balantik teu kompétitif alatan waragadna lahuta,” ceuk Ning tur nandeskeun séktor usaha butuh panangtayungan nu adil jeung kawijakan anu konsistén.
Najan kitu, Prof. Rina ogé ngaidéntifikasi lolongkrang ngaliwatan ngisedna ranté pasok global, saperti rencana relokasi pabrik otomotif ka Jawa Barat.
Prof Rina nétélakeun, basis manufaktur kuat nu dipiboga ku Jawa Barat ngawengku otomotif, elektronik, tekstil, dan pakéan, plastik, mineral non-logam, agro-pangan jeung farmasi minangka modal baik keur ngamekarkeun kapasitas inovasi daerah, utamana ku pangrojong universitas jeung pusat riset nu bisa dikoneksikeun langsung pikeun mekarkeun industri.
Nyanghareupan éta tangtangan, aya strategi utama, nyaéta ngered arus impor tur ngaronjatkeun komponen lokal. Faisal nandeskeun ngawatesanan impor lain ukur proteksionisme, tapi upaya pikeun kedaulatan pasar domestik ku cara mastikeun produk impor luyu standar jeung regulasi nasional.
Sababarha séktor, saperti kosmetik, baja, jeung semén geus karasa aya hasil positif sabada ngalarapkeun mekanisme verifikasi impor.
Strategi séjénna ku jalan ngaronjatkeun komponén lokal, nu kabuktian suksés dina industri elektronik, produksi Handphone, Komputer, jeung Tablet ngaronjat tina 0,1 juta unit (2013) jadi 88,8 juta unit (2019), ari impor turun tina 62,0 juta jadi 4,2 juta unit.
Faisal nadeskeun pentingna skema TKDN (Tingkat Komponen Dalam Negeri) pikeun méré insentif investasi jeung ngawangun undamental ekonomi nu tanggoh.
Eta implementasi strategi téh dipiharep ngawewegan industri lokal, nyiptakeun lapangan pagawéan, ngawangun ranté pasok nasional, tur ngaronjatkeun investasi industri strategis.
“Di tengah ékonomi global anu teu pasti, ngawewegan ékonomi doméstik lain ngan ukur pilihan, tapi geus sakuduna,” Mohammad Faisal negeskeun.











