MÉRÉBÉJA.COM – Dina raraga ningkatkeun kaparigelan tenaga pendidik, Pengurus Daerah HIMPAUDI Kota Tasikmalaya ngagelar PKP pikeun ratusan guru PAUD ku ngaguar Kaulinan Barudak bareng Icikibung, poé Kemis (6/11/2025) di Gedung Dakwah Islamiyah Kota Tasik.
Peningkatan Kualitas Pendidik (PKP) kagiatan rutin sasihan HIMPAUDI Kota Tasikmalaya, anu tujuanana lain ngan saukur ngaraketkeun tali mimitran tapi keur mekelan guru-guru ku mangrupa élmu sangkan guru leuwih parigel.
Numutkeun pupuhu HIMPAUDI Kota Tasik Bunda Atin Nuryatin, S.Pd. PKP sasih ayeuna jeujeurna ngenaan Kaulinan Barudak anu dipedar ku Icikibung, maksadna teu aya sanes sangkan guru-guru bisa ngalaparapkeun kaulinan jadi bahan atikan.
“Kaulinan barudak mangrupa warisan budaya, anu wajib dipiroséa. Keur guru ngingetan mangsa katukang jeung diwanohkeun deui ka murangkalih PAUD di pagurona séwang-séwangan” , catur Bunda Atin dina biantara sambutan.
Sedengkeun pupuhu Icikibung anu janten pangjejer catur dina éta acara ngadeedeulan, ” Kaulinan Barudak mibanda falasifah anu kacida ahéngna, kayaning sauyunan, basajan, parigel, kaséhatan jeung aya nilai atikan oge ” kitu kasauran Abah Irwan.
Harepan Abah Irwan sapangadegan sareng PD HIMPAUDI, kaulinan jadi modal utama keur ngawujudkeun pangwangunan nasional malihan bisa jadi tuturus keur nyukseskeun Program Panca Waluya.
Kaulinan anu digelar nyaéta kaulinan gumbira saperti, Trang Teang Koléntrang, Surser, Bangbang kalima Gobang, paciwit ciwit lutung, cingciripit jeung sajabana ti éta











