SAWANGAN

Usum Ngijih Tambah Sugih

×

Usum Ngijih Tambah Sugih

Sebarkan artikel ini
Usum Ngijih Tambah Sugih
Foto @abiramastudio. Bungahna Mang Yayat mun datang usum ngijih sabab geus bisa ngamimitian deui tatanén.

Carita kolot lamun datang usum ngijih sok tambah sugih, éstu karasa mangfaatna keur bekeul kahirupan sabab bisa ngamimitian deui tatanén. Sawah, kebon jeng balong kacaian ku cihujan.

Keur nu kedul usum ngijih sok jadi alesan ngaréngkol di imah, sakapeung nyuruput kopi jeung udud bako sok pantes bari diharudung sarung. Keur anu teu boga duit usum ngijih jadi kabungah, barudak moal bisa jajan sabab di luar keur hujan.

Usum ngijih wanci kiwari mah béda pisan jeung baréto, datangna usum ngijih sok datang kasedih, kabingung jeung kariweuh.

Sedih sabab usum ngijih sok dibarengan sumebarna panyakit, sedih ogen teu bisa barang gawé sabab sapopoé gawéna lain tani atawa ngebon.

Sakapeung sok bingung lamun datang hujan anu kacida badagna, raat hujan teu nepi ka sajam cai lengit teuing kamana, susukan jeng sumur anggeur saat.

Riweuhna datang usum ngijih wanci ayeuna mah, nyaéta hujan badag sok jadi sabab banjir persis kawas di Kita Tasik Aya sababaraha wewengkon mun datang hujan cai limpas ka jalan, malahan dipilemburan hujan badag sok jadi sabab longsor.

Kaayaan samodél kiéu kudu jadi cukang keur urang sangkan bisa terus ngajak miroséa lembur, da yakin saredih na usum ngijih téh alatan réngkak paripolah urang anu geus teu hadé jeung alam. Hayu jaga alam jeung lingkungan sangkan datang usum ngijih jadi tambah sugih.