U Rukmana atawa katelahna Mang Ujang,umurna geus 75 taun, tanaga geus teu bedas awakna teu weweg kawasa baheula keur ngora. Tapi sumanget motekar na terus ngagedur, teu ngalehleh ku kaayaan sok sanajan jadi tukang vermak pakean.
Numutkeun lalakon Mang Ujang anu kiwari masih katingal lobang jarum najan teu make kacamata. Ancrub dina widang kupat kaput timimiti taun 1975-1995 gawé kana konveksi di Jakarta. Terus pindah ka Bandung muka vermak pakéan nepi ka taun 2000. Terus pindah ka Tasik cicing di Babakan Bandung RT 03 RW 13 Sukajaya Kelurahan Linggajaya Kecamatan Mangkubumi, nepi ka ayeuna itikurih jadi tukang vermak pakéan.
Mang Ujang salah sahiji kolot anu henteu pasrah sumerah kana kaayaan, henteu gumantung kana paméréan batur, sok komo deui nungguan bansos mah, salila awak jagjag mah terus ngaput sanajan hasilna cukup keur dahar. Anu tempat ngaputna nyicingan di kios HPKP 2 Pasar Cikurubuk.
“Alhamdulillah awak dibéré séhat jadi bisa kénéh ngaput, lumayan bisa manggih dahar keur sapopoé” kitu catur Mang Ujang anu masih aya iketan dulur jeung Djajang Nurjaman kurut palatih Persib Bandung.
Keur urang komo deui para nonoman, Mang Ujang kudu bisa jadi enteung. Hirup kudu disyukuran jeung dilakonan, teu cukup dipikaran, jauhkeun pangedulan dekeutkeun pagawéan.











