Super Blue Blood Moon
Panon poé jeung bulan moal bisa ngahiji sabab teu sajalan. Masing-masing panceg dina galurna. Micinta ku cara nu iklas. Silih sampurnakeun. Silih tutupan kakurangan. Iklas, najan kudu leungit mun nu séjén aya.
Tapi ku kawasa nu Maha Agung, ditepungkeun dina samagaha. Enya, kawas asih urang nu tepung dina samagaha mangsa. Samagaha kahayang. Samagaha rasa.
Urang silih mikacinta, silih mikanyaah, silih mikaasih, mitresna ku cara nu iklas. Najan kuring kudu ngaleungit keur népungan anjeun. Rido.
Moal, moal keukeuh kudu ngahiji. Sabab urang teu bisa ngahiji.
Bulan burahay di langit kuring, langit nu urang!
Jambatan gantung ayeuna geus tohaga. Tapi moal, moal kalinglap najan pagegelek ku nu kungsi nyébakeun nyawa.
Awak anjeun, nyambuang seungit malati. Gugupay bari imut di handapeun jambatan.
Di dieu urang pasini ratusan taun ka tukang. Handapeun bulan nu burahay.
Moon Lovers
Lagu My Love nu ngagendrung ti jero kamar bet matak nyelek kana angen.
“Neul meolliswo jikyeomanbwassjyo.” sora Lee Hi bet kawas nu ngaléléwé.
Ras ka diri, enya kawas nu diébréhkeun dina lagu éta. Kuring ukur bisa nyerangkeun anjeun ti kajauhan.
“Remember love You, I love you”…
“Sarangin jul mideossgo ummyeongira bulleosajyo.” sora adi nurutan reffna.
Kuring ngarahuh. Ras kana katresna kuring ka anjeun. Kumaha kuring micinta ka anjeun nepi ka wani narohkeun nyawa.
Ah, bet asa ditundung ku takdir.
Haté ngagolak. Ngagidir ngoyag-ngoyagkeun reregan kamar.
Anjeun turun tina ranjang, laju ngadeukeutan. Reg hareupeun beungeut pisan. Geus teu karasa hémbos hégakna. Ahhh…
Rérégan dirarapet, kuring tipepeteket nangkél. Kahayang mah ingkah, tapi beuheung kabeulit pageuh.
“Teu aya nanaon néng, paling gé angin ti luar.” anjeun ningtrimkeun adi bari kalacat deui kana kasur.
Jep jempling. Lagu eureun. Ukur haté kuring nu haliwu nyaksian nu keur oléng panganténan.
Nu Ngalangkang dina Rucita
Diteuteup deui héhérang Rucita. Aya imut anjeun ngalangkang, Bim. Nu kamari katémbong saules, tandaning milu reueus. Panon anjeun cahayaan, neuteup ti jauhna, nepikeun rasa nu teu kedal ku ucap. Ukur teuteup ti jauhna, ngaitkeun rasa nu rosa.
Rucita ditangkeup pageuh, hayang ngayakinkeun diri. Lain ngimpi. Kaambung aroma khas anjeun di rohangan auditorium nu gegek tur remeng-remeng. Tapi anjeun di mana, Bim? Euweuh dina blits-blits nu nyaangan beungeut Iyon, euweuh dina leungeun-leungeun nu nyolongkrong atawa pipi nu diadekeun kénca-katuhu. Euweuh dina sora-sora pang wilujeng. Euweuh anjeun…
Diteuteup deui héhérang rucita, “Ulah kajongjonan dina euforia nu ngajongklokeun kana riya. Anggur mah tuluy makarya!” sora anjeun.
Kokotéténgan, ukur imut anjeun saules nu ngalangkang dina héhérang rucita.
Hani
Buuk sataktakna Vivid Mood Colours, semu bungur mun katojo ku panonpoé. Kuku leungeun di-nail art maké gaya dotting tools. Mun ngaliwat, meleber seungit Miss Dior. Tas backpack channel, gunta-ganti jeung Prada, Fossil atawa Gucci. Flat Shoes Nordstorm mun pareng ka kampus maké dréss atawa modél Oxford diadumaniskeun jeung kaméja Trisét. Ah, payus pisan. Matak sirik keur kuring mah. Pangpangna Si Béntang Kampus jadi targét Dika ogé, vokalis grup band kampus, ERAMAWANA. Mun Dika geus nyekel mike, taya nu teu kasirep ku sorana, kaasup kuring.
Tadi mah bet kalepasan ngobrolkeun Dika ka Hani nu ayeuna ngahaja mondok di kosan, ngemitan kuring nu ngadadak muriang.
Tengah peuting lilir da awak ngagibrig. Kasampak Hani keur meresihan buuk nu nyarelap na sisir kuring, biwirna kunyam-kunyem. Ras ka Desty, Risma jeung Nonon nu maraot teu pupuguh. Bari metot simbut, biwir teu eureun dzikir.
Nu Niruk Jajantung
Surat téh nepi kitu, Bim? Naha karék malesan ayeuna? Sanggeus mangtaun-taun?
Teu wudu Iyon molohok nempo ieu mawar. Naha bet mawar, Bim? Apan Iyon mah resepna gé kembang écéng gondok. Batur gé ngaléléwé. Awèwé nanahaon cenah nu resep kembang écéng gondok? Teuing atuh, pédah kembang ti nu tangkal nu dianggap hama kitu?
Ah, Bim. Anjeun bakal sarua kitu nganggap hama ka écéng gondok?
Ulah atuh, Bim. Ulah kos batur. Geus cukup ku batur écéng gondok dianggap hama.
Mawar téh ditatap diusap. Seungit nya, Bim. Jaba ni alus kieu. Tapi Iyon can ngarti kénéh, naha bet cucukan? Enya, bieu cucukna ngaraheutkeun. Lain, lain dina curuk nu ngusapan banget ku deudeuh. Tapi kalah niruk jajantung.
Ah, Bim. Iyon masih di dieu. Neuteup écéng gondok nu marakbak unguna nutupan beungeut balong. Mawar mah dikeukeupan dina jantung nu baloboran.
Hatur nuhun, Bim.
Firda Aulia lahir di Purwakarta, 25 Juli 1977. Kiwari mancén jadi guru di SMKS Bhakti Praja Purwakarta. Mimiti tulisanna dimuat Manglé taun 2010.