KOLOM

Bumi jeung Bulan, Fiksimini Dénia Sonata

12
×

Bumi jeung Bulan, Fiksimini Dénia Sonata

Sebarkan artikel ini
Fiksimini Denia Sonata. Foto: Meta AI
Fiksimini Denia Sonata. Foto: Meta AI

Bumi jeung Bulan

Di rohang tunggu stasion karéta, kuring jeung manéhna diuk ngaréndéng, silih ranggeum leungeun. Teu miduli batur sabangku meus-meus ngarérétan. Sakapeung leungeun kénca kuring meulit kana cangkéngna. Sirahna ku kuring diambung basa nyarandé kana taktak. Nyaah, geugeut, bogoh ka manéhna téh. Bogoh ti mimiti panggih.

Sora kipas angin nu muih, tuktekna jarum jam, lir sérénadé peuting ieu. Haté beuki seseblakan. Ku hayang ngeureunkeun waktu, ngarah kuring jeung manéhna teu kudu papisah. Atawa malikkeun deui waktu ka jaman…

“Perhatian, kereta dari arah barat dengan tujuan akhir stasiun Cicaléngka akan segera tiba. Kepada para penumpang, harap bersiap-siap di jalur tiga.”

Sora informan lir ponis keur kuring jeung manéhna. Teu lila, hong karéta datang. Tuluy ngaléor deui, mawa manéhna tina tangkeupan kuring.

Sapanjang jalan balik, paguneman jeung manéhna hantem muih jeroeun uteuk.

“Sabab urang duaan bumi jeung bulan.”

“Tapi urang duaan silih pikacinta.”

“Sabab bumi jeung bulan pada-pada surti, lamun ngahiji, samagaha baris ngajadi.”

Tujuh Taun Geus Kaliwat, Kucubung Can Kungsi Kembangan

Sakur pepelakan di buruan disingraykeun, weléh teu kapanggih. Tiheula mah sisi pager mimiti melak téh. Kira dua jeungkal panjangna.

“Anggap wé rasa urang duaan,” ceuk anjeun harita.

Kucubung kungsi jadi kameumeut. Dipiara dipupusti. Diperenahkeun dina pot heula.

“Ké mun kembangan pasti éndah, nya?”

“Kucubung mah mangkak sareng seungitna sok wengi, tapi muhun kembangna éndah. Tinggarantung sapertos tarompét.”

“Sok matak mabok jeung kabungbulengan ogé?” Kuring ngadilak.

Anjeun nyéréngéh, laju tumanya. “Naha bet ditunda sisi pager?”

“Méh babari ngakut mun kuring ingkah,” cekéng.

Anjeun, ngaranggeum leungeun kuring, laju dibawa kana dada. Diteueulkeun kana jajantung.

“Percanten?” tanya anjeun.

Kuring ukur unggeuk bari imut.

Tangkal kucubung geus jalugjug basa kuring ingkah. Daunna ngémploh, ngarandakah najan can kembangan. Hanjakal kapaksa ditinggalkeun.

Hanjuang jeung rungkun malati sakali deui disingraykeun. Kucubung taya tapakna. Siga anjeun, nu ngahiang taya béja.

Gurat Nasib

Sabot leungeun ngulinkeun senar gitar, pipikiran bet cus-cos. Rét ka Maria nu keur ngahaleuangkeun Mazmur. Sorana halimpu, dédéngéeun. Nurub cupu. Kitu ceuk Bapa Pendéta unggal nempo kuring jeung Maria dina altar.

Rét kana geulang dina leungeun. Aya ngaran kuring jeung Dewi.

Wi, di mana anjeun ayeuna? Naha kalah ngahiang tutas urang kedal lisan?

Wi, kadeudeuh kuring ka anjeun lain pupulasan, najan kaliwung hantem nalikung. Kumaha carana sangkan urang bisa ngahiji?

“Kantun nyuhunkeun ka Nu Kagungan. Haté abdi, diri abdi, aya dina kakawasaan Mantenna.

Bet nongtoréng deui jawaban anjeun harita.

Nyuhunkeun ka Nu Kagungan? Naha wenang mun diri miharep nu pamohalan? Naha kuring wani nandonkeun sagalana demi anjeun?

Wi, ceuk anjeun, manusa kari ngajalankeun naon rupa nu geus diguratkeun ku Pangéran. Hanjakal, gurat nasib urang bet aya dina jalan anu béda. Saha nu kudu meuntas? Kuring, atawa anjeun?

Keprok jamaah meuraykeun lamunan. Maria imut leleb. Na kongkolak panon, cindung Dewi gugupay.

Rusiah Pamungkas

Saéstuna, dipihapéan rusiah téh teu béda jeung dipelakan werejit. Enya, wungkul werejit nu ku manéhna dipihapékeun ka kuring salila ieu. Werejit nu jadi panyakit haté.

Kituna mah salah sorangan, bongan sok ditanggap unggal manéhna cacarita. Nyaritakeun si itu, nyaritakeun si éta. Si itu kitu, si éta kieu.

Kadieunakeun caritana nambahan sual dirina sorangan. Hubungan jeung si anu, si anu. Teuing sabaraha hiji. Ku aya waé alesanana téh. Nu itu mah bageur, nu ieu béréhan, nyaahan. Nu séjén gandang, tegep, boga kalungguhan. Teu dilayanan tapi angger ngungudag, cenah. Paribasa rusiah. Omat ulah betus. Heueuh-heueuh bueuk. Ngelingan enggeus, angger teu nerap. Anteng ngalajur napsu. Poho di temah wadi. Matak aral sumpahna gé.

Ngan ti semet poé ieu mah, manéhna moal bisa babagi werejit deui. Bakal tiis ceuli téh. Rusiahna nu kamari jadi rusiah pamungkas. Geus dikubur kabéhanana. Sakalian jeung nu mihapéna. Tuh, handapeun kiara. Bongan atuh da, wawanianan ngagalaksak kana pepelakan kuring.

Siluét di Kota Tepian

Jembatan Mahkota I, pasosoré.

“Naha aya logika keur jalma idéalis?”

“Kuduna mah.”

“Cinta mah absurd. Teu bisa didefinisikeun sajatina.”

“Tapi manusa dianugrahan akal jeung logika.”

“Lamun kuring bogoh ka nu geus boga pangalaman, pernah rumah tangga, naha éta teu logis? Teu logis beulah manana?”

Kéom. Nu tumanya baluar-balieur, miceun neuteup ka handapeun jembatan. Walungan Mahakam meujeuhna ramé. Sora parahu motor patémbalan jeung sora kandaraan luhureun jembatan. Hibar layung mapaés Kota Tepian. Nyieun siluét jajaka kasép gigireun.

“Logis. Najan bogoh ka Nini sayah gé. Hanjakal Ninina geus almarhumah, hihi.”

“Dédééé…!”

“Hahaha….”

“Dé, cobi dangukeun.” Ngasongkeun headset.

….Ciu rang wo ai ni. Cen ming yu chi chi ….

Sora Vic Zou duét jeung Barbie Shu.

“Ngan ngartos reff-na, héhé.”

“Cukup. Uih yu!” Miheulaan léngkah.

Lebah jalan cagak,

“Ling, cinta sajati mah lamun didinya ngucap ijab qobul hareupeun wali, lebé jeung saksi.”

“Okay. Taun depan ya, Dé!”

“Naonna?”

“Ka KUA!”

“Ish….” hareugeueun.


Dénia Sonata lahir di Cimahi dumuk di Bandung. Resep maca ti alit, diajar nyerat ti taun 2016. Nyerat dina basa Sunda sareng Indonesia.