KOLOM

Oléh-Oléh, Fiksimini Dudy Yudiana

14
×

Oléh-Oléh, Fiksimini Dudy Yudiana

Sebarkan artikel ini
Fiksimini Dudy Yudiana. Ilustrasi: Meta AI
Fiksimini Dudy Yudiana. Ilustrasi: Meta AI

Oléh-Oléh

Panto muka. Ngajenghok. Nu kaluar terus ngajanteng. Melong. Teu nyangka bakal papanggih deui. Teu lémék teu nyarék. Manéhna asup deui. Bingung. Teruskeun namu atawa balik.
“Asup Wan, kalah ngajanteng di luar?” Gunadi kaluar ti jero.
“E, enya, Gun,” cekéng rada gugup.
“Yap ka jero, kabeneran pamajikan kakara balik ti panyabaan mawa oléh-oléh loba. Jam sabaraha ti Bandung?” tanyana.
“Isuk-isuk ti imah mah, biasa waé sumpang-simpang heula,” cekéng bari nuturkeun Gunadi.
“Mah, damel kopi dua sareng candak oléh-oléh téh ka dieu, aya réncang damel Ayah ti Bandung!”
Gunadi ngagorowok. Teu lila pamajikanana norojol nanggeuy baki eusi dua gelas kopi jeung kiripik témpé katut dodol garut.
“Mah, kenalkeun ieu réncang damel Ayah,”
Gunadi nyarita ka pamajikanana.
Basa sasalaman, karasa leungeunna ngageter, pipina rada beureum..
Lemesna dampal leungeun manéhna sarua jeung dampal leungeun nu ngusapan pipi kuring tadi dina beus. Ngakuna mah randa. Rét kana oléh-oléh. Tadi kuring nu meuli keur bawaeun manéhna.

Aya Bagja Teu Daulat

Asa ditonjok congcot. Diuk jeung wanoja geulis. Lumayan aya batur ngobrol. Manéhna naék ti Rest Area.
“Punten ngiring calik, A,” pokna bari gék, diuk gigireun.
“Mangga kosong da,” cekéng.
Saterusna tonggoh mukaan hapé. Rada rikuh rék nanya deui téh. Tapi ngawanikeun manéh wé nanya.
“Badé angkat ka mana?” tanya kuring.
Manéhna ngalieuk. Gelenyu imut. Ampir wé katurelengan nempo imutna. Bakat ku nyari.
“Badé ka Padalarang,” jawabna.
Ahirna ngobrol ngalor ngidul. Haté kataji ku carana ngajawab pananya kuring. Ngan rék nanya ngeunaan pribadina mah can wani.
Basa geus asup ka wewengkon Padalarang nyoba ngawanikeun nanya.
“Palih mana Padalarangna, tiasa pami ameng ka bumi?”
“Mangga waé badé ameng mah,” pokna.
“Teu acan gaduh kabogoh kitu?”
“Teu gaduh abdi mah,” jawabna.
“Wah, tiasa daptar atuh,” cekéng.
“Hahaha …teu gaduh kabogoh abdi mah, pami carogé mah gaduh. Tuh nuju nyetir di payun,” pokna bari nunjuk ka supir.
Kabungah ngadadak robah jadi reuwas jeung hanjelu.

Rejeki Jalma Soléh

Naék ti Kampung Rambutan. Beus kosong. Ukur sababaraha urang panumpang. Diuk ngahaja dina jok pangtukangna. Ngarah deukeut ka ‘Smoking Aréa’.
Di tol Cipularang kenéktur méntaan ongkos. Ngusiwel ngaluarkeun duit saratus réwu. Ongkos ka Tasik saratus sapuluh.
“Teras ka mana, Pa?” kenéktur nanya.
“Garut,” cekéng bari mikeun duit.
Ongkos dipulangan lima puluh réwu. Ah ditarima wé. Haté mah bingung. Kuduna ménta deui sapuluh réwu. Ieu kalah dibalikkeun lima puluh.
“Hatur nuhun, Pa,” pokna bari ngaléos balik deui ka hareup.
Kuring ukur unggeuk. Teu loba pikiran. Rejeki jalma soléh meureun, pikir téh. Anteng muka deui YouTube. Sasakali pindah ka ‘Smoking Aréa’. Ngaroko.
Lebah Yonif Linud 330 Nagreg kenéktur nyampeurkeun.
“Teu lirén di Yonif, Pa?” tanyana.
Najan bingung ku pananyana, kuring ngajawab.
“Badé ka Garut heula,” cekéng.
“Oh muhun,” pokna.
Turun di terminal Garut panggih jeung babaturan.
“Wih, gagah Sép jiga tentara waé?”
Karérét kenéktur rada mureleng ka kuring.

Kabogoh Anyar

Pindah gawé ka Bandung. Di perusahaan kabel. Diparengkeun boga batur nu sahaté. Dony. Ahirna jadi sosobatan. Manéhna geus boga pamajikan.
“Geura néangan batur hirup atuh, Lan!” ceuk Dony hiji waktu.
“Doakeun wé sugan gancang panggih jeung awéwé nu nyaaheun,” cekéng.

Kabeneran panggih jeung awéwé di BIP. Ngarana Déwi. Teu ngahaja kuring nabrak manéhna nu keur balanja. Sasadu ménta dihampura diteruskeun kenalan. Ngakuna kuliah kénéh.
Alhasil kuring jeng Déwi jadian. Haté bungah. Jangjian poé Minggu panggih deui di Gasibu.

Poé Saptu kuring nyarita hayang dibaturan nemonan jangji jeung Déwi ka Dony. Sakalian agul kuring geus boga kabogoh. Dony nyanggupan.
“Tong ngajak Maya nya!”
Maya téh pamajikan Dony. Can nyaho rupana mah da can panggih.

Poé Minggu jam salapan Dony nyampeur maké motor. Langsung indit ka Gasibu.
Déwi geus ngadagoan. Sabot Dony markirkeun motor kuring nyampeurkeun. Leungeunna diranggeum. Teu lila Dony nyampeurkeun.
“Maya?” ceuk Dony.
Déwi ngaleupaskeun leungeun kuring. Beungeutna pias.

Supir Angkot

Alhamdulillah. Teu ngadagoan lila. Aya angkot eureun hareupeun. Biasana geus jarang ari geus soré mah. Kalacat naék di hareup. Gék, diuk teu rarat-rérét langsung muka hapé WA-an jeung Rina bébéndé kuring batur sakampus.
“Teras ka mana, A?” supir nanya.
“Kampus UPI, Pa,” jawab kuring.
Teu dirérét. Anteng kana hapé. Mobil maju.
“Kaluar siang ukur hiji dua panumpang téh. Wengi sami waé!” supir nyarita rada humandeuar.
“Tos seueur kandaraan pribadi. Kandaraan umum sepi panumpangna,” cekéng.
“Ayeuna unggal bumi, nu dua, nu tilu gaduh motor,” pokna jiga nu ngarasula.
“Muhun.”
“Raos Aa mah kuliah gé sigana tuang rama jalmi aya,” pokna deui.
“Alhamdulillah, Pa. Da pami pun bapa ukur janten tukang ojég atanapi supir angkot mah moal tiasa nguliahkeun abdi,” cekéng rada agul.
“Di UPI Aa kuliah téh?”
“Muhun.”
“Pun anak gé sami di UPI, namina Rina Hérlina,” pokna.
Kuring reuwas. Geuning calon mitoha.


Dudi Yudiana lahir di Ciamis 28 April 1970, lulusan UNINUS Bandung. Nulis téh karesepna, karya nu geus medal mangrupa antologi carpon Nu Asih di Pulang Sengit, Hadiah ti Mamah, Saudat Maléla, Léléngkah Halu, jeung antologi sajak Sunda nu judulna Mapag Harepan. Karanganna ogé kungsi dimuat dina majalah Sunda.