KOLOM

Nu Midangdam, Fiksimini Néna Cunara

×

Nu Midangdam, Fiksimini Néna Cunara

Sebarkan artikel ini
Nu Midangdam, Fiksimini Néna Cunara
Nu Midangdam, Fiksimini Néna Cunara. Ilustrasi: pinterest

Nu Midangdam

Manéhna anteng neuteup beungeut eunteung. Ngaca, susuganan aya kadar nu ilang boga kamelang. Hayang nunda kanalangsa meuraykeun lalangsé lawas, ngelemeng ‘na ringkangna peteng.

Wanci harieum beungeut. Ketug jajantungna mirig léngkah mapay sisi basisir. Cindung bodas ngélébét katiup angin katiga. Ngarandeg sakedapan. Bréh, nu dipikangen ngajega ngaraga meneng. Mencrong laut upluk-aplak. Kadeudeuh taun-taun dikemu, nyaliara nyaksrak saawak-awak. Kasono ngagalura motah jeroeun dada. Kumejot. Gandrung hayang ngarangkul ngusap rambutna nu ririaban.

“Radén!” ngan kolu saucap. Nu ngajega, rikat malik.

Rumegag. Paamprok pelong sakedapan.

Teu lèmék teu nyarék. Nu kapireng ukur jelegurna ombak.

“Geulis kenéh, sampulur, naleuhneur.” gerentesna. Aya nu nyeuit meulit, tatu nu geus lita raca deui.

Hawar-hawar gumalindeng hariring ayun ambing ngaleler nu marudah. Kabéngbat. Ngejat, laju ngincig muru lahunan. Nyuuh, nyangsaya ‘na harigu lépét Nyai Adirata.

“Basukarna, anaking…!”

Nu midangdam kasawur lambak. Peuting dilegleg simpé.

Marojéngja

Gap. Awakna nyebrét, panon celong, ilat bodas. Palangsiang! Beuki teu puguh rarasaan.

“Sing teteg! Keun budak mah percayakeun ka aceuk. Hayoh geura siap-siap!” Ceu Iyam ngabeberah.

Di jero kapal udara. Pipikiran marojéngja. Rét ka Kang Hariman. Adem-ayem, husu ngucel tasbé. Abong lalaki, lempeng wé teu ngarasakeun guligahna haté.

Nguriling pauntuy-untuy ‘na kalang dunga. Sumolondo ti takbir ka tahmid, ka istigfar, ka Khaf, ka Raja diraja. Laju ngiciprit, ngalemah ngambah Sofa Marwah. Kolébat. Si Bungsu kumalangkang teu beunang dipapalérkeun. Duh, ieung! Kalahka tambah rosa, beuki nyesek ieu dada. Késang tiis ngoprot, lung-leng lalanjung. Mongkléng. Koléang. Ceg. Biur. Kulisik. Nyah, beunta. Geus disangkéh wanoja timpuh cureuleuk. Aya rasa tingtrim tingcelecep nyaliara. Kang Hariman, teuing di mana.

“Geura leueut ieu zamzam naafi’ah, maymunah. Tong hamham, kedah jejem! Pami tos séhat, dilajeng. Nu sanés bingung milarian.”

“Dupi salira, saha?” lahlahan tumanya.

“Kula, Hajar!” ngabelenyéh, waosna mérés. Belesat. Cindung kulawuna ngélébét.

Béja

Angin sèsélékét molos kisi-kisi jandéla. Mawa béja haréwos béja ti taman.

“Eros kayas muguran saacan aya nu nyeuseup…!” papatong jarum pulas bulao hariweusweus.

Kapireng aya nu balilihan di pangkéng.

“Hus, lain eros kayas, lain radiul, tapi hébras!” bangbara nyorowok.

Hiji mojang guligah, kingkin. Dirina dirurujit, dipaksa pirusa jajaka culika taya wiwaha.

Geleber kukupu bodas, teup ‘ na tangkal palem, laju humariring:

“Anyelir kayas awor malati nyacas, lilir deui, balaka nandonkeun jati diri…!”

Kurunyung simeut, romanna ceuleumeut.

“Kajahatan moral, matak aral!” Gurinjal cacing taneuh embung kapeupeuh, “Tong galujrud, bisi kabaud!”

Kembang bakung, malati reujeung dahlia horéam cumarita, ngabandungan nu samakta hoghag kurang gadag.

Jukut riut kalahka murungkut, éléh pangirut ku sri rejeki nu ngagulkeun diri.

“Deuleu ituh, érmawar anggur ngawawar-wawar, pajar sedep malem tèh liwar…!” kitu, bèwara manuk galéjra.

Para mojang milang inghak, ngukur cèda. Dikungkung tèmbok hukum hiji pangagung, nu ngawasa kobong paguron mulya. Alatan amputasi logika.

Jempol

Hirupna nyorangan. Geus dua poè tara katempo ngalantung di buruanana. Unggal isuk, sorè, ragag-rigig, norowèco, teu tinggaleun ramona ogè ciweuh. Tutunjuk, bari ngobahkeun jempolna mun panuju jeung hatèna. Taya nu ngulampreng sumawona ngajak nyarita, da basana garihal tur nyelekit. Ditelahna Si Toxic, teu galideur, beuki ngahajakeun.

Imah tèh persis hareupeunana. Katingali rèhè comrèk. Hordèng, jandèla kamarna rèkèp. Lampu luar wè ngebrak. Kahariwang nyaliara. Samar-samar, kapireng aya nu haharegungan. Beuki atra, beuki tarik humarurungna. Panto disurungkeun, teu dikonci! Brèh, luhureun ambèn. Awak dedeg roman kucem tèh, ngaringkuk teu nyanggapulia. Awakna nyebrèt, ngagibrig.

“Naon nu karaos, Pa?” Ngalieus. Katempo jempol katut ramo kènca-katuhuna bukekeng sagedè bitis Nèng Ais.

“Teu puguh rasakeuneunana, Jang Guru!” Ngalimba.

Geuwat ngontak minantu. Ngurunyung. Bray, kantong eusi alat-alat.

“Urang suat, moal karaos, da!” Gejos suntikan anastèsi lokal. Gap, surgical blade. Burial. Aksara merul teu eureun. Pagaliwota, ngalayah, pacampur jeung èmotikon.

Sidoarum 2023

Sora

Hiji imah panggung. Aki Isom ngèhkèh, Nini Rumsih jebras-jebris bari nungkup irung. Batuk paselang jeung nu ngadurutdut. Jangkrik ngikrik, bangkong kung-kong. Orkèstra alam, adumanis!

Di imah sigrong.

“Tarik napas…, tahan, kaluarkeun vokal O!” Guru Beti mèrè instruksi.

“Kumaha latihan pun anak, aya onjoyna?”

“Kirang museur. Notasi, wirahma, henteu pas!”

“Tugas anjeun èta mah, kumaha carana sangkan bisa ngahaleuang, sorana halimpu.”

“Pita suara Intan kaganggu. Pami ngahontal nada luhur, nyeri saurna. Saèna ulah dipaksa!”

“Taya deui waktu! Rèputasi leuwih penting!” Kuraweud.

“Diantos Mbak Yasmin, ‘Instruktur’ Pengembangan Kepribadian PMP. Minggu payun kampanye pamungkas. Wawasan, ètika, naon nu badè dipedar kedah munel. Salira sok ‘kontrovèrsial’, ceplak pahang!” ceuk Sèkpri, ngèngkrèng.

Ti madhab papat kapireng ayeuh-ayeuhan. Sora knalpot tingbèrèbèt matak racleng tai ceuli. Serepet. Mobil bok ngagalèong, jedak neunggar ‘pembatas’, laju ngababit dua motor, ngajèngjèhè. Mobil tiguling. Burulu, kotak-kotak kardus eusi sora pangaji limapuluh rèbuan patulayah di jalan.

Sidoarum Maret 2023


Nèna Cunara pituin urang Ciwidèy, diborojolkeun di Bandung 66 taun kalarung. Kiwari bumèn-bumèn di Yogyakarta. Sababaraha karya fikmin midang di Galamèdia, sababaraha karya carpon midang di Manglè, Ayobandung.com.

Buku nu geus medal, kumpulan fiksimini basa Sunda “Nyai Gonjing” (karya Nèna Cunara). Milu aub dina sababaraha karya antologi Fikmin Basa Sunda, Fikmin Basa Indonèsia (Perempuan Bertutur). Antologi carpon “Nèang Korona” (Komunitas Pakarangan), “Surat Penting Pustakawati” (Patrem), antologi cerpen  11 Perempuan Bertutur (PB Yogyakarta), antologi puisi Senja Bersastra di Malioboro (Komunitas Ronjèng), jeung antologi Sajak “Sora Ti Puseur Kahèman”.