MEREBEJA.COM – Yusup Soepardi (93) mantan anggota telik sandi ti Lasykar Barisan Banténg Républik Indonésia (BBRI) Cianjur masih kuat ingetan nalika hiji mangsa inyana nyaksian para pamuda Tionghoa di Cianjur ujug-ujug nyarekel senjata. Maranéhna dipancénan ku militér Walanda pikeun ngajaga fasilitas ékonomi, utamana pabrik-pabrik nu sumebar di kebon garapan.
Para pamuda éta lain hiji-hijina kelompok nu dibéré senjata ku Walanda. Yusup nyebutkeun, aya unit-unit séjén anu mangrupa urang Sunda jeung Jawa anu kaasup kana (Onderneming Wacht) jeung CP (Civiele Politie).
“Maranéhna ngabogaan pancén nu sarua jeung rajeun gawé bareng pikeun nyanghareupan pajoang Républik,” ceuk Yusup.
Saha atuh urang-urang Tionghoa anu bersenjata éta? Yusup masih inget yén maranéhna méré ngaran kelompokna Pao An Tui (Badan Perlindung Keselamatan).
Sajarah nyatetkeun organ kaamanan masarakat Tionghoa nu diadegkeun taun 28 Agustus 1947 éta mémang milih teu sajalan jeung pamaréntahan Républik jeung sacara teges mihak ka Walanda.
“Urang-urang Tionghoa anu jadi korban ‘masa bersiap’ ngawentuk Pao An Tui, dalihna pikeun ngabéla diri tina gangguan urang-urang Républik,” ceuk Suraldi, panulis buku Pao An Tui 1947-1949, Tentara Cina Jakarta.
Kelompok étnis Tionghoa di Priangan mémang aya dina kaayaan nu dilématis, sawaktu perang mimiti lumangsung di wilayah kulon Jawa.
Numutkeun sejarawan John R.W Smail, bisa disebutkeun maranéhna mangrupa ‘kambing hitam révolusi’ nu dianggap pragmatis jeung téga ngahianat ka para pajoang Républik.
Katempona nalika kaum Républik ngajalankeun aksi boikot ka urang Éropa, Indo, jeung kaum nu dianggap idéntik pro Walanda. Lain ngabéla éta aksi, nu aya para padagang Tionghoa téh justru masih ngajalankeun transaksi jeung masok kabutuhan pokok jalma-jalma nu dianggap ‘begundal penjajah’.
Nu matak teu héran, sanggeus proklamasi Républik Indonésia (RI) maranéhna jadi sasaran amuk. Smail nyebutkeun Bandung jadi tempat karuksakan paling parah alatan amukan kaum Républik di distrik Tionghoa anu perenahna di kuloneun alun-alun.
“Aya mémang di antara maranéhna nu nyieun upaya nyalametkeun toko-tokona ku cara nyuap sababaraha kelompok pamuda, ngan teu kungsi lila. Tuluy maranéhna tetep jadi korban anarki anu mahabu,” ceuk Smail dina Bandung in the Early Revolution, 1945-1946.
Dumasar kana situasi kitu, wajar mun urang Tionghoa ahirna ngabogaan sikep défénsif. Salaku kaum padagang, maranéhna mindeng ngajalankeun pilihan-pilihan pragmatis jeung leuwih katémbong ngalancarkeun aksi ‘asal salamet’ pikeun kalumangsungan hirup.
Ngan teu sakabéh urang Tionghoa milih siga kitu, sabagéan ti maranéhna geus aya nu ngarasa jadi bagéan tina Indonésia, nu justru milu paheuyeuk-heuyeuk jeung kaum Républik, boh jadi pamasok logistik, informan, tanaga kaséhatan, jeung kaum nu manggulan senjata.
“Di wilayah Tegalega, baheula kuring wanoh ka urang Tionghoa nu ngarana Akéw. Manéhna nu boga toko nu mindeng mantuan para pajoang nu keur nyulundup ka kota,” ceuk Odoy Soedarja, anggota intelijén Divisi Siliwangi éra 1946-1949.
Henteu ngan ukur méré tempat pikeun para pajoang Républik, Akéw ogé pamasok utama logistik ka markas-markas pajoang di sabudeureun Bandung. Teu jarang manéhna ogé méré informasi-informasi penting ngeunaan pergerakan tentara Walanda di Bandung.
Nasib ahir Akéw téh teu hadé lantaran aya bocoran ti tatanggana, nu satuluyna diringkus ku serdadu Walanda, nu nepi ka kiwari teu kapanggih di kieuna. Informasi nu nepi ka Soedarja, Akéw dipiceun ka Nusakambangan jeung tilar jadi tawanan Républik.
Soedarja ogé wanoh ka saurang petugas wanoja Palang Mérah nu ngarana Oting (Oéy Tiong Li). Gadis teureuh Tionghoa nu kawilang aktif ngarawat tur ngobatan para pajoang di front Padalarang.
“Sainget sim kuring manéhna kagabung ti Lasykar KRIS (Kebangkitan Rakyat Indonésia Soelawesi),” ceuk lalaki nu gumelar 1924 éta.
Ayana urang Tionghoa dina unit-unit Lasykar kaum Républik ogé aya dina dokumén-dokumén Déwan Harian Cabang Angkatan 45 Kabupatén Cianjur. Dina hiji dokumén nu judulna “Beberapa Catatan Sejarah Perjuangan Rakyat Cianjur dalam Merebut dan Mempertahankan Kemerdekaan Negara Kesatuan Républik Indonésia Tahun 1945-1949” kasebutkeun saurang pajoang ti étnis Tionghoa nu ngarana Muji Raharjo alias Asén.
Disebutkeun, Asén nu lahir 20 Januari 1928 téh geus kalibet dina pajoangan kaum Républik ti taun 1945. Manéhna milu ngalucutan tentara Jepang nu ngamarkas di Cipanas jeung Pacét. Dina aksi éta, Asén hasil ngarampas péstol Jepang (Nambu) jeung dua senjata doble loop.
“Taun 1945-1949, Asén milu bajoang ngalawan Walanda, ngagabung jeung Lasykar Pesindo (Pemoeda Sosialisasi Indonésia) cabang Cipanas-Pacét pimpinan saurang pamuda Sunda nu ngarana Adang Somadihardja,” kitu ceuk eusi dokumén.
Salian dibéré pancén néangan senjata, Asén ogé kudu nyieun jaringan logistik di antara urang Tionghoa pro Républik. Jeung baturna nu sarua ti étnis Tionghoa saperti Gwan, Wik Hok, jeung Okih, Asén ogé masok kabutuhan Tentara Keamanan Rakjat (TKR) jeung lasykar-lasykar séjén saperti BBRI jeung Hizbullah.
Ku modal hiji gunto (pedang Jepang), Asén kalan-kalan milu nyerang kana posisi-posisi tentara Walanda di Cipanas jeung Pacét. Nepi ka manéhna kolot, gunto éta masih dirawat pikeun kenangan. Asén tilar dunya taun 2000.
“Pedang éta teu mungkin ku kuring dibikeun ka saha waé, iwal ti ka Gedung Juang Kabupatén Cianjur nu rék nyieun musieum, kuring bakal daék masrahkeun,” ceuk Asén.