PAKUSARAKAN

Uga, Ramalan Karuhun Sunda nu Rélevan jeung Zaman

×

Uga, Ramalan Karuhun Sunda nu Rélevan jeung Zaman

Sebarkan artikel ini
Urang Sunda di daérah Panjalu, Ciamis. Foto: Istimewa uga
Urang Sunda di daérah Panjalu, Ciamis. Foto: Istimewa

MEREBEJA.COM – Dina kabudayaan Sunda, aya hiji pamadegan yén robahna kondisi sosial bisa kajadian kalawan luyu jeung ramalan para karuhun. Ramalan ngeunaan robahna kondisi sosial anu kawilang penting, utamana anu pakait jeung urusan wilayah atawa nagara, éta ramalan biasa disebut uga. Sabagéan ogé aya nu nyebut cacandran, ngan ieu tulisan bakal neuleuman ngeunaan uga.

Uga téh wentukna ramalan. Bisa diinterprétasikeun gumantung kana tingkatan kapercayaan nu nganiterprétasikeunna. Uga nepi ka kiwari masih dipikanyaho ku sabagéan masarakat, kitu ogé nu geus karolot, hanjakalna di kalangan barudak ngora mah geus arang langka nu nyaho.

Eusi uga téh biasa dipaké kolot baheula pikeun maca atawa niti harti tanda-tanda zaman, ngaramalkeun parobahan sosial, politik dina mangsa nu bakal datang, di sabudeureun lingkunganna.

Kalimah-kalimah anu dipaké dina uga ngandung aspék siloka (simbolik), kecap-kecap nu dipakéna basajan, dina basa kasar (tumut kana undak-usuk basa Sunda). Uga téh kaasup kana tradisi lisan nu sipatna anonim, teu jelas saha nu nyieunna. Salian ti aspék simbolik, dina uga ogé mibanda unsur waktu. Contona, aya dina unggel “Geus nepi kana ugana, geus nepi kana waktu anu ditujum karuhan”.

Kalimah éta némbongkeun yén dina ramalan nu wentukna uga, faktor waktu mangrupa hiji hal anu teu bisa dipisahkeun. Sanajan kitu, unsur waktu anu aya dina uga sifatna teu pasti, hartina bisa iraha waé, isuk, pagéto, taun hareup, atawa mungkin waé teu kajadian.

Aya uga nu asalna ti sababaraha daérah di Tatar Sunda.

Uga Galunggung: “Sanajan nanjung lamun pulung turun ti Galunggung”

Uga Bandung: “Sunda nanjung lamun anu pundung ti Bandung ka Cikapundung geus balik deui”

Uga Kawasén: “Ari anu bakal jadi ratu, baju butut babadong batok, anu jolna ti Gunung Surandil, bandérana karakas cau” 

Aya ogé sababaraha uga séjén anu geus kawentar saperti “Bandung Heurin ku Tangtung”, “Sumedang Ngarangrangan”, “Sukapura Ngadaun Ngora”. Malah sabagéan katémbong rélevan jeung kaayaan sosial zaman kiwari.

Dina sakitu puluh atawa ratus taun ka tukang, karuhun nyebutkeun dina uga “Bandug Heurin ku Tangtung”. Kiwari, dalah geus papada nyaho, Bandung jadi kota anu sesek ku rupa-rupa pangwangunan.