MEREBEJA.COM – Agama Sunda baheula méré ajaran ngeunaan prosés hirup manusa ti mimiti gumelar ka dunya, ngajalankeun kahirupan, nepi ka mangsa nampi papastén atawa tilar dunya. Nyanghareupan ieu prosés, manusa Sunda disanghareupkeun kana nu disebut dua jagat nyaéta “Jagat jadi carita jeung jagat kari carita” (dunya fana jeung alam baka).
Di jagat kari carita, aya mandala jeung buana karma atawa jagat pancaka. Ieu mandala ngawengku salapan tingkat sacara vértikal, di antarana ti handap ka luhur.
1. Mandala Kasungka
2. Mandala Parmana
3. Mandala Karma
4. Mandala Rasa
5. Mandala Séba
6. Mandala Suda
7. Mandala Jati
8. Mandala Samar
9. Mandala Ageung
Satiap ruh anu leupas tina raga kudu asup heula ka mandala panghandapna nyaéta mandala kasungka. Saupama salila hirupna teu alus, mangka kudu pindah heula ka kawah panggodogan di buana karma, pikeun nampa rupa-rupa ujian. Nalika salila hirupna alus, bisa sacara langsung naék nepi ka mandala nu pangluhurna.
Ngeunaan sarana ibadahna urang Sunda dina zaman Pajajaran aya tilu rupa nu kaasup inti.
1. Balay Pamunjungan
Balay Pamunjungan mangrupa gunung leutik atawa bukit nu ngabogaan struktur pundén berundak sajumlah 12 undakan, nu di bagéan puncakna jeung dua tingkat di handapna aya arca-arca sajumlah 800, nu ilahar disebut arca Domas.
Majar Balay Pamunjungan téh mangrupa nu paling agréng di Pakuan Pajajaran. Dina zaman Sri Baduga Maharaja atawa Prabu Guru Déwataprana atawa Prabu Siliwangi mimpin, disebutna Balay Pamunjungan Kihara Hyang nu perenahna di ‘Leuweung Songgom’, anu kira-kira kaasup Kampung Bantar Kemang kiwari. Salian lapangan, di handapna kacida lega, di puncak bukitna disebut balay, dieusi ku arca-arca emas nu lobana 400. Arca séjén sajumlah 400 tina batu, aya ogé di tingkat kadua jeung katilu nu disebut babalayan.
Pundén kieu téh ayana ukur di Pakuan (dayeuh karajaan) pikeun sarana upacara ibadah ‘munjung’ ka Hyang Maha Agung, boh dina Sérén Taun Guru Bumi (taunan) ogé dina Sérén Taun Tutug Galur (kuwéra bakti) dalapan taunan, malah upaca-upacara leutik séjénna. Anu jadi pamingpin kagaamaanna disebut Brahmésta, dibantu ku para Ganidri, Marukangsa, Puun Meuray, Puun Sari, para Puun, jeung Pangwereg Punjung.
Nu jadi tempat mandi sucina, talaga nu aya di walungan Cihaliwung, nyaéta nu disebut T’alaga (Wa)réna Mahawijaya atawa nu leuwih kawentar disebut Leuwi Sipatahunan. Sacara hipotésis, talaga jeung Balé Pamunjungan Kihara Hyang ieu dijieun Sri Baduga Maharaja sakumaha nu ditulis dina Batutulis Bogor.
“…ya siya nu nyiyan sakakala gugunungan ngabalay, nyiyan -samida, nyiyan sanghyang talaga (wa)rena mahawijaya…”
Karya Siliwangi ieu mangrupa gaganti talaga Sanghyang Rancamaya nu geus ditimbunan Sang Haluwesi, adi ti Prabu Susuk Tunggal lantaran di dinya aya gaib jahat nu mindel némbongan. Sakumaha nu aya dina naskah lontar Carita Parahyangan (CP), nu unggelna:
“…Sanghyang Haluwesi. Nu nyaeuran Sang Hyang Rancamaya. Mijiilna ti Sanghyang Rancamaya: Ngaran kula ta Sang Udubasu, Sang Pulunggana, Sang Surugana, Ratu Hyang Banaspati…”
Numutkeun carita pantun “Disaeurna Talaga Rancamaya”, gaib jahat éta tiap taun ménta ‘pimatarameun’ (kurban) tujuh pasang jalma ngora nu disebut ‘Sekar Manah’. Ieu warta méré isarah yén dina zamanna Prabu Susuk Tunggal (1382-1482) minantu Sri Baduga Maharaja, talaga Sanghyang Rancamaya téh geus teu dipaké, kaasup pasir Badigul atawa numutkeun Rajah Pakuan mah disebut Sanghyang Padungkukan, mangrupa balé pamunjunganna. Sanajan kitu, panalungtikan ieu hal kudu dituluykeun.
2. Babalayan Pamujan
Babalayan Pamujan ieu mangrupa pundén nu aya di kabupatian-kabupatian (kiwari kabupatén) luar dayeuh kapuunan-kapuunan. Undakan dina ieu pundén aya salapan atawa tujuh undak nu euweuh arca-arca. Nu aya ngan batu-batu gedé pikeun tempat upacara muja ka Sanghyang jeung pada karuhun, dipimpin ku pandita atauwa puun, jeung kokolot.
3. Saung Sajén
Saung Sajén (Pancak Saji) mangrupa wangunan husus pikeun nunda sasajén dina upacara ‘nyajén’. Wentukna sarupa imah panggung leutik nu euweuh kamaran, aya sarupa altar tempat nunda sasajénna. Ieu wangunan aya di tengah-tengah padumukan, boh deukeut karaton, imah Puun, imah Bupati, atawa imah rahayat.
Salian ti éta, aya ogé tempat-tempat sasajén nu sumebar di wilayah nu dianggap ngabogaan daya atawa énérgi, saperti di guha, di handapeun tangkal gedé, di sirah walungan, tengah leuweung, jeung sajabana.
Tempat-tempat éta biasana dicirian ku ayana batu gedé jeung batu datar, nu mangrupa wahana kamanunggalan antara diri manusa jeung mahluk diménsi séjén. Tujuanna taya lian pikeun harmonisasi jeung mahluk hirup ogé unsur alam sasama ciptaan Sang Hyang Kersa. Sabab dina agama Sunda, manusa nu geus nyunda, kudu ngagem kasadaran nu diistilahkeun:
“Utek tongo walang taga, manusa buta detia, lukut jukut rungkun kayu, keusik karihkil cadas batu, cinyusu talaga sagara, bumi langit jagat mahpar, angin leutik angin puih, béntang rapang, bulan ngempray, sang hérang ngéngé nongtoréng. Éta kabéh ciptaan Sang Hyang Tunggal. Keur inyana mah kabéh géh sarua euweuh bédana’.
Kalimah éta nu jadi panginditan, mangka pikeun manusa Sunda “Alam lain keur ditaklukeun, tapi kudu dijaga jeung diajénan”. Impleméntasina dina pranata “puja-puji-saji” ngaliwatan mandala suci nu jadi sarana ibadah.
Sarana ibadah agama Sunda nu disebut dina Pantun Bogor di antarana:
1. Balay Pamunjungan Rancamaya jeung Pasir Badigul, panditana Resi Guru Perbangsa
2. Balay Pamunjungan Kihara Hyang jeung Sipatahunan panditana Brahmésta Tunda Pura
3. Babalayan Pamujan Mandalawangi jeung Talaga Warna panditana Resi Handeulawangi
4. Babalayan Genter Bumi jeung Cisakawayana panditana Resi Tutug Windu
5. Balay Pamunjungan Mandala Parakanjati jeung Sanghyang Tampian Dalem panditana Sanghyang Resi Kumarajati, jeung lian-lianna.
Tujuan utama manusa Sunda sanggeus ‘nampi papastén’ atawa tilar dunya, lain nyiar ahérat atawa surga, tapi bisa balik ka Kahyangan (Mandala Agung) sakumaha asalna, jeung teu kudu ngaliwatan heula mandala-mandala di handapna. Sabab nalika gumelar ti Mandala Hyang, taya rencana ti anggalna, mangka nalika mulang ogé ngaliwatan prosés Ngahyang, henteu kudu direncanakeun hayang surga. Nu matak di urang aya istilah “Mulih ka Jati, Mulang ka Asal”.
Sarana ibadah Sunda kuno teu ngabogaan nuansa Hindu atawa Buddha, mun ditilik tina aspék historis nasional, urang Sunda geus mibanda niléi-niléi nu mandiri. Dina hal ieu, nalika sakabéh puseur pamaréntahan mangsa harita di Jawa Tengah jeung Jawa Timur ngadeg candi-candi nu kalintang agréngna, di puseur pamaréntahan Karajaan Sunda Pajajaran, Galuh, Talaga, Singaparna, jeung Kawali mah nu jadi ciri téh nyaéta kajembaran tradisi mégalitikna, cirina mangrupa batu-batu gedé.
Ku kituna, ieu hal téh jadi bukti yén manusa Sunda geus ngabogaan agama lokal anu panceg jeung jejeg.












