PAKUSARAKAN

Ti Iraha Urang Sunda Maké Undak-Usuk Basa?

22
×

Ti Iraha Urang Sunda Maké Undak-Usuk Basa?

Sebarkan artikel ini
Ilustrasi, Kampung Adat Naga di wewengkon Tasikmalaya. Foto: Istimewa
Ilustrasi, Kampung Adat Naga di wewengkon Tasikmalaya. Foto: Istimewa

MEREBEJA.COM – Sajarah lahirna undak usuk atawa tingkatan basa Sunda téh nurutkeun para ahli mah nyaéta lantaran ayana pangaruh Mataram kana kahirupan jeung budaya Sunda.

Waktu Mataram ngéréh sabagian wewengkon Jawa Barat dina abad ka 17, harita lumangsung kontak budaya anu raket antara Sunda jeung Jawa. Loba kabudayaan Jawa anu témbrés asup kana kabudayaan Sunda, kaasup ayana undak-usuk basa.

Ari urang Jawana sorangan, meunang pangaruh undak-usuk basa téh tina kabudayaan Hindu anu ngabagi-bagi darajat kahirupan masarakat jadi sababaraha kasta. Upamana waé aya kasta Brahmana, Satria, Waisya, Paria jeung Sudra anu masing-masing kasta ngabogaan adegan basana séwang-séwangan.

Bukti anu nuduhkeuh yén undak-usuk basa mangrupa pangaruh ti Jawa, S. Coolsma salasaurang ahli basa basa urang Walanda kungsi ngayakeun panalungtikan ngabandingkeun 400 kecap lemes jeung 400 kecap kasar basa Sunda jeung basa jawa. Tina éta 275 kecap kasar dina basa Sunda asalna tina basa Jawa. Tapi dina prosés makéna loba anu dipacorokeun. Upamana baé kecap abot, impén anom, bobot, lali, pungkur, sasih, tunggang jeung lian ti éta anu dina basa Sunda mah kaasup kecap lemes, dina basa Jawa mah kaasup kecap kasar.

Kitu deui beja, bulan, datang, pindah, suku, tumpak jeung lian ti éta anu dina basa Sunda kaasup kecap kasar, dina basa Jawa mah kaasup kecap lemes. Bukti séjénna anu nuduhkeun yén undak-usuk basa mangrupa pangaruh ti Jawa kapanggih dina naskah-naskah kuno anu ditulis saméméh abad ka 17.

Dina éta naskah bakal ébreh yén saméméh datang pangaruh Mataram kana kabudayaan Sunda, kaasup kana basana, di Jawa Barat basa Sunda can mikawanoh istilah undak-usuk basa. Upamana baé dina naskah Carita Parahyangan Salasahiji obrolan anu ditulis dina abad ka 16 Maséhi kaunggel salasahiji obrolan antara Ki Patih jeung Batara Dangiang Guru.

Eta obrolan anu nétélakeun yén baheula basa Sunda henteu mikawanoh undak-usuk basa téh unggelna kieu:

“Sadatangna sang apatih ka Galunggung carék Batara Ngiang guru: “Na naha béja siya, sang apatih?”

“Pun, kami dititah ku Rahiyang Sanjaya ménta piparéntaheun adi Rahiyang Sanjaya Purbarosa.”

Lamun ku urang ditelek-telek, kecap carék, dititah, ménta jeung piparéntaheun téh dina basa sunda ayeuna kaasup basa kasar. Jadi upama alam harita geus aya istilah undak-usuk basa, moal enya pangkat patih nyarita kasar kitu ka Batara.

Dicutat tina: Tatabasa Sunda thn 1982:49-50 beunang Taufik Faturohman