MEREBEJA.COM – Pamaréntah Provinsi (Pémprov) Jawa Barat netepkeun 42 karya budaya jadi Warisan Budaya Tak Benda (WBTb) taun 2025. Penetapan ieu dibéwarakeun Kepala Dinas Pariwisata dan Kebudayaan Provinsi Jawa Barat jeung tim WBTb Jawa Barat, Kemis (9/1/2025).
Saméméh ngaresmikeun, sababaraha rangkaian kagiatan dilaksanakeun, ti mimiti ngusulkeun karya budaya ku dinas-dinas nu ngawidangan kabudayaan di 23 Kabupatén/Kota sa-Jawa Barat.
Prosés usulan karya budaya ku tim ahli nepi ka sidang penetapan WBTb Jawa Barat taun 2025 nu geus dilaksanakeun tanggal 18-20 Désémber 2024 ka tukang. Tina 67 karya budaya anu divérifikasi, hasilnya aya 42 karya budaya anu ditetepkeun jadi WBTb Jawa Barat.
“Sim kuring ngahaturkeun nuhun ka Pa Bucky kalih tim anu parantos rancagé gawé pikeun netepkeun Warisan Budaya Takbenda ieu, jalaran ieu hal téh bagéan nu teu tiasa dipisahkeun tina tanggungjawab urang sadaya dina upaya ngalestarikeun seni tradisi atawa budaya nu aya di Jawa Barat,” ceuk Kadisparbud Jabar.
Manéhna nyebutkeun, akar budaya teu meunang leungit lantaran mangrupa jati diri bangsa. Salian ti éta, Kadisparbud miharep Kabupatén/Kota bisa tuluy ngagali poténsi budaya jeung kaarifan lokal ua aya di daérahna séwang-séwang.
“Tim kami ogé di provinsi bakal teras ngupayakeun pisan sangkan tiasa netepkeun WBTb Nasional. Pamugi teu mung angklung wungkul nu janten warisan UNESCO, nu sanésna ogé cuang dorong janten warisan UNESCO, nu janten kareueus urang Jawa Barat,” pokna.
Dina ieu acara, hadir Ketua Tim WBTb Jawa Barat Bucky Wibawa Karya Guna jeung para anggotanya nyaéta Kepala Bidang Kebudayaan Disparbud Jabar Fébiyani, Dinda Satya Upaja, Zaini Alief, Laina Rafianti, Hikmat Nashrullah Latief, jeung Irvan Setiawan.
Naon waé nu asup WBTb Jawa Barat, di handap daftarna:
1. Ngabungbang Cimande (Kabupaten Bogor)
2. Seni Cibatokan (Kabupaten Bogor)
3. Ujungan Bekasi (Kabupaten Bekasi)
4. Tepak Gendang Opok Kijing (Kabupaten Karawang)
5. Tari Gondang (Kabupaten Karawang)
6. Tata Rias Penganten Kembang Ageung (Kabupaten Karawang)
7. Keramik Paléréd (Kabupaten Purwakarta)
8. Mulasara Nu Ngalahirkeun (Kasepuhan Banten Kidul Kabupaten Sukabumi)
9. Gula Kawung (Kasepuhan Banten Kidul Kabupaten Sukabumi)
10. Tradisi Ngadegkeun Bumi (Kasepuhan Banten Kidul Kabupaten Sukabumi)
11. Tradisi Mapag Lisung Anyar (Kasepuhan Ciptagelar Kabupaten Sukabumi)
12. Sangu Kabuli (Kasepuhan Banten Kidul Kabupaten Sukabumi)
13. Endog Léwo (Kabupaten Garut)
14. Kerajinan Kulit Sukarégang (Kabupaten Garut)
15. Dogig (Kabupaten Kuningan)
16. Pesta Dadung (Kabupaten Kuningan)
17. Peuyeum Koroto (Kabupaten Ciamis)
18. Kopi Godog (Kabupaten Ciamis)
19. Dodol Eluk (Kabupaten Tasikmalaya)
20. Golok Galonggong Manonjaya (Kabupaten Tasikmalaya)
21. Anyaman Pandan Sukaruas (Kabupaten Tasikmalaya)
22. Babakti Lemah Cai Cikundul (Kota Sukabumi)
23. Ngarak Kebo Bulé Kranggan (Kota Bekasi)
24. Poyok Ungkal (Kabupaten Sumedang)
25. Hajat Waluya (Kabupaten Pangandaran)
26. Sasapian (Kabupaten Bandung Barat)
27. Adus Sumur Pitu (Kabupaten Cirebon)
28. Memayu Buyut Trusmi (Kabupaten Cirebon)
29. Muludan Tuk (Kabupaten Cirebon)
30. Pengantin Tebu Cirebon (Kabupaten Cirebon)
31. Syawalan Gunungjati (Kabupaten Cirebon)
32. Topeng Klana Udeng Dermayu (Kabupaten Indramayu)
33. Arsitektur Rumah Junti (Kabupaten Indramayu)
34. Cimplo (Kabupaten Indramayu)
35. Batagor (Kota Bandung)
36. Mie Kocok Bandung (Kota Bandung)
37. Tahu Cibuntu (Kota Bandung)
38. Bir Kotjok (Kota Bogor)
39. Manisan Buah Cianjur (Kabupaten Cianjur)
40. Opak Linggar Rancaékék (Kabupaten Bandung)
41. Rujak Cihérang (Kabupaten Bandung)
42. Mapag Ménak (Kabupaten Bandung)