PAKUSARAKAN

Masarakat Baduy: Nolak Dana Désa Rp2,5 Miliar, Milih Teu Gumantung ka Pamaréntah

×

Masarakat Baduy: Nolak Dana Désa Rp2,5 Miliar, Milih Teu Gumantung ka Pamaréntah

Sebarkan artikel ini
Masyarakat adat Baduy
Masarakat adat Baduy, Désa Kanékés, Lebak, Banten. Foto: Istimewa

MEREBEJA.COM – Masarakat adat Baduy negeskeun moal narima bantuan Dana Desa (DD) nu geus disiapkeun ku pamaréntah. Sanajan éta anggaran dibikeun pikeun ngaronjatkeun kasejahteraan, tapi masarakat Baduy keukeuh milih ngajaga kaarifan lokal jeung hirup mandiri teu gumantung kana bantuan ti luar.

Nolak kana Dana Désa téh lain ukur ayeuna. Ti taun 2017 nepi ka 2022, masarakat Baduy geus cacap teu narima dana éta. Lain harti nampik dibantuan, tapi mangrupa komitmen pikeun ngajaga tradisi adat, nolak gumantung kana dana ti luar.

Pupuhu Désa Kanékés Baduy, Jaro Oom, nerangkeun yén masarakat Baduy ngabogaan prinsip hirup mandiri nu teu gumantung kana dana ti pamaréntah.

“Kami mémang nolak Dana Désa. Alesanna hésé dijelaskan lantaran ieu mangrupa kaputusan adat. Kami teu nampik bantuan, tapi leuwih milih ngajalankeun hirup saluyu jeung adat, teu maké dana luar,” ceuk Oom, Rebo (12/2/2025).

Sanajan Dana Désa tujuanna pikeun ngabantu kasejahteraan masarakat, Jaro Oom negeskeun yén masarakat leuwih milih mertahankeun cara hirup nu geus lila aya. Luyu jeung aturan tradisi nu dipaké. Maranéhna sangeuk nyanghareupan prosedur administrasi nu riweuh pakait jeung Dana Désa ti pamaréntah pusat.

Di Désa Baduy aya opat sumber bantuan dana, nyaéta Dana Désa (DD) ti pamaréntah pusat, Alokasi Dana Désa (DD), Dana Bagi Hasil (DBH) ti Kabupatén Lebak, jeung Bantuan Provinsi Banten.

Zamroni, Kepala Bidang (Kabid) Pembinaan Kerja Sama dan Pengelolaan Keuangan Aset Desa DPMD Lebak, nyebutkeun, ditolakna bantuan dana ieu tetep kudu dihormati. Pihakna tetep komitmen pikeun ngajaga komunikasi jeung masarakat Baduy ogé néangan solusi panghadéna nu luyu jeung kahayang masarakatna.

“Kami ngajénan kaputusan masarakat Baduy. Kami bakal tetep komunikasi jeung néangan cara pikeun ngarojong kasejahteraan aranjeunna, ku cara nu luyu jeung kaarifan lokalna,” ceuk Zamroni.

Ti taun 2017, sanajan masarakat Baduy nolak Dana Désa, pamaréntah pusat tetep ngirimkeun Dana Désa keur Désa Kanékés. Ngan dana éta tetep teu ditarima, antukna diteundeun dina kas KPPN Rangkasbitung. Dana Nu disiapkeun pikeun Désa Kanékés nepi ka Rp2,5 Miliar, jumlah panggedéna di Kabupatén Lebak.

Zamroni nepikeun, sanajan dana éta gedé pisan, pamaréntah daérah tetep ngajén kana kaputusan masarakat Baduy nu milih ngajalankeun pangwangunan ku cara tradisional sajalan jeung katangtuan adat, henteu kudu nyieun laporan pertanggungjawaban nu diperlukeun pikeun pamakéan éta Dana Désa.

“Dana Rp2,5 miliar éta téh panggedéna di Lebak. Ngan kulantaran ditolak, dana éta tetep ditunda. Kami tetep bakal méré rojongan dina wentuk séjén, ngan kami ogé éstuning ngahargaan kawijakan nu dipilih ku masarakat Baduy,” pokna.