PAKUSARAKAN

Di Indramayu, nu Maké Basa Sunda Ukur 10 Persén

×

Di Indramayu, nu Maké Basa Sunda Ukur 10 Persén

Sebarkan artikel ini
Masjid Agung Indramayu. Foto: Istimewa
Masjid Agung Indramayu. Foto: Istimewa

MEREBEJA.COM – Sanajan sacara administrasi asup ka Provinsi Jawa Barat, panutur atawa masarakat nu maké basa Sunda di Kabupatén Indramayu kurang leuwih ngan ukur sapuluh persén. Ari basa anu ngadominasi nyaéta Jawa dialék Indramayu.

Naha bet siga kitu? Padahal ti abad ka-9, Indramayu geus jadi bagéan ti karajaan Sumedang Larang.

Migrasi ti Jawa Tengah

Dina mangsa karajaan Mataram ngawasa tanah Jawa, nu jadi titahan Mataram loba muka lahan tatanén di basisir pantai kalér, kaasup Indramayu.

Katambah, sawaktu kolonial Walanda, aya urbanisasi gedé-gedéan ti wilayah Brebes jeung Cirebon ka Indramayu, utamana ka Kacamatan Haurgeulis, Ajatan, jeung sabudeureunana pikeun program gawé paksa ngawangun irigasi, pasawahan, jeung lintasan karéta api.

Faktor Géografis

Salian aya pangaruh Mataram jeung urbanisasi, nu jadi lantaran basa Sunda teu ngadominasi téh ku sabab perenahna Indramayu aya di perbatasan antara Jawa Barat jeung Jawa Tengah. Posisi géografis éta tangtu mangaruhan pisan — pacampuran dua kabudayaan anu béda.

Masarakat Indramayu ogé ngabogaan dialékna sorangan dina maké basa Sunda, ari nu jadi sabab dina waktu datangna urang Jawa ka Indramayu ngalantarankeun ayana asimilasi budaya, kaasup dina pamakéan basa.

Indikasi ayana pangaruh Mataram nu ngajadikeun basa Sunda teu dominan di Indramayu, luyu jeung pamadegan Supali Kasim, Ketua Lembaga Basa lan Sastra Dermayu (LBSD). Supali ogé nyebutkeun, yén Mataram mangaruhan pisan kana basa nu dipaké ku masarakat Kabupatén Indramayu.

Malah ngeunaan basa Jawa nu dipaké ku ruang Indramayu, LSBD geus kungsi nyieun risét maké metode Morris Swadesh pikeun ngabandingkeun 200 kecap dasar basa Jawa di Indramayu jeung Yogyakarta. Hasilna némbongkeun ukur aya 28,5 persén perbédaan, nu nguatkeun yén masarakat Indramayu maké basa Jawa ku dialékna sorangan.