MEREBEJA.COM – Tiap dua minggu, dunya kaleungitan hiji bahasa daérah alatan punah. Ari nu jadi lantaran nyaéta geus euweuh deui penuturna.
Dina acara pelatihan Peningkatan Kompetensi Guru Utama Revitalisasi Bahasa Daerah untuk Tunas Bahasa Ibu Jenjang SD sa-Jabar, di Soreang Kabupatén Bandung, Minggu (31/3/2024), Kepala Badan Pembinaan dan Pengembangan Bahasa Kemendikbudristék RI, Aminudin Aziz nyebutkeun yén data éta mangrupa hasil survéi Persatuan Bangsa-Bangsa (PBB) jeung United Nations Educational, Scientific and Cultural Organization (UNESCO).
“Tina sakira 7.600 bahasa daérah di dunya, UNESCO nyatetkeun dina dua minggu aya hiji bahasa daérah nu leungit lantaran geus euweuh deui penuturna,” ceuk Aminudin Aziz.
Di Indonésia waé nu ngabogaan 718 bahasa daérah, tina data taun 2019, 11 diantarana geus dipuguhkeun punah. Dina taun 2021, 24 bahasa daérah kabéjakeun yén jumlah penuturna geus mimiti ngurangan.
“Hal éta téh mimiti kajadian di wilayah Indonésia Wétan, Indonésia Tengah, jeung Kulon. Padahal di wilayah Indonésia Tengah jeung Kulon jumlah penutur bahasana masih kaitung loba. Contona bahasa Jawa aya 70 juta, bahasa Sunda aya 40 juta,” pokna.
Kira-kira kumaha kaayaan bahasa Sunda? Numutkeun Aminudin, dumasar kana data BPS taun 2010 nepi ka 2020, saeutikna bahasa Sunda kaleungitan 2 juta penuturna.
“Éta dina jangka waktu 10 taun, ayeuna mah meureun leuwih loba. Lantaran kitu, pikeun ngalaunan waktu punahna bahasa daérah, Badan Bahasa nyieun program Révitalisasi Bahasa Daérah ti taun 2021 di sakabéh daérah di Indonésia. Sasarana nyaéta murid SD jeung SMP, kawijakan utamana nyaéta méré kalaluasaan pikeun maké bahasa daérahna séwang-séwang,” Aminudin ngajelaskeun.
Acuan bahan ajar dina Révitalisasi Bahasa Daérah téh aya opat prinsip nyaéta rélevan antara karakter siswa jeung lingkungan kabahasaanna, ngagumbirakeun, terpadu jeung kolaborasi.












