MEREBEJA.COM – Saban aya gelaran ronggéng gunung, ngaran Bi Raspi geus pasti moal bisa dileungitkeun. Raspi lain saukur panyari panggung, manéhna éstuning hiji-hijina nu mibanda daya magis nu mampu méré sieup salila lumangsungna pagelaran. Enya, manéhna salaku sosok paling séntral dina kasenian asal Pangandaran ieu.
Ngaliwatan haleuangna nu hamo kapanggih di seniman lian, dina tiap pagelaran, Raspi mampu nyaliarakeun énérgi jeung mancarkeun aura nu kuat.
Raspi nyaéta maéstro seni nu panceg ngokolakeun kasenian ronggéng gunung nu kiwari hampir-hampiran leungit. Ieu kasenian asalna ti Ciamis, nu kiwari kaasup wewengkon Pangandaran.
Numutkeun kana sajarahna, ronggéng gunung mimiti aya alatan cinta jeung dendam Déwi Siti Samboja, putri Prabu Siliwangi anu ka 38, lantaran salakina nyaéta Radén Anggalarang pati dina leungeun bajo atawa bajak laut.
Raspi Gumelar di Dusun Karang Gowok, Kabupatén Ciamis taun 1956. Ti leuleutik, manéhna geus hirup sorangan sabab indung bapana papisah. Ngeunaan jadi seniman ronggéng gunung, majar tina teu kahaja. Dina umur 13 taun manéhna minggat ti imah lantaran dijodokeun jeung hiji lalaki pilihan kolotna, sedeng Raspi teu panuju, katambah deui manéhna nampik dikawinkeun dina umur nu kaitung ngora.
Dina lalampahan sawaktu kabur, Raspi amprok jeung dua palatih ronggéng nyaéta Bah Maja Kabun jeung Indung Darwis di Kampung Jubleg, Désa Panyutran, Kacamatan Padahérang. Nya ti dinya, manéhna mimiti diajar ronggéng, harita ogé manéhna panggih jeung batur saentraganna nyaéta Bi Pejoh jeung Bi Atih ti Pagergunung, Pangandaran.
Sanggeus panjang lampah guguru di éta tempat, datang mangsa Raspi ‘dilamar’ atawa istilahna ngala ronggéng pikeun mimitian manggung. Ceuk Raspi, sawaktu rék mitembeyan jadi ronggéng gunung, manéhna dimandian heula di salah sahiji sumur karamat nu aya di Kabuyutan Kawasén.
“Éta mangrupa panginditan pikeun saurang ronggéng gunung dina ngokolakeun kamampuanna,” ceuk Raspi.
Tina prosés panjang ngaleukeunan seni ronggéng, kiwari ngan kari Raspi nu bener-bener hatam kana ieu kasenian. Saeutikna, aya 12 lagu nu dipaké, nyaéta Lulugu Ketuktuéi, Goléwang, Raja Pulang, Cacar Burung, Mang Onét, Urung-urung, Menangis, Torondol, jeung Kidung.
Raspi ogé hatam dina wilayah kabatinanna, sabab ronggéng gunung téh kasenian anu disakralkeun. Dihenteu-henteu ogé, ieu kasenian lain saukur pikeun ngahibur tapi ogé penarina salaku sosok nu bisa ngaruwat. Pakuat-pakait jeung kaélmuan batin.
Numutkeun manéhna, baheula mah ronggéng téh mimindengna dipéntaskeun dina sukuran atawa ritual. Malah dina jaman penjajahan Walanda, ronggéng digelar pikeun jadi mata-mata atawa telik sandi sabari babaran (ngamén) ka pilemburan. Béda jeung kiwari, malah ronggéng leuwih mindeng dipaké dina acara hajatan.
“Kapungkur mah nuju ngawuluku, nandur atanapi manén, pasti nanggap ronggéng. Ayeuna mah langkung sering dina hajatan atanapi kagiatan sanés,” pokna.
Héséna Régenérasi Kasenian Ronggéng Gunung
Kaitung hampir lima dékade, Raspi panceg jadi saurang ronggéng. Tina waktu anu sakitu lilana, manéhna kungsi ngarasa kawalahan nedunan panggilan manggung, pangpangna taun 1970-1980an nalika ronggéng gunung keur ceuyah. Dina sabulan, ceuk manéhna, aya waktu keur istirahat téh kurang ti saminggu. Sanajan kitu, nyorang taun 1990an ronggéng mimiti melempem alatan kahirupan geus mimiti modéren, kaasup seléra kasenian masarakatna. Harita organ tunggal mimiti mahabu. Masarakat leuwih milih éta tibatan kasenian tradisi.
Ngarandapan kaayaan kitu, Raspi nyieun tarékah pikeun ngarégenérasi ronggéng, salah sahijina nurunkeun ka budakna. Ngan hanjakalna nu saluyu jeung naon nu diharepkeun ku manéhna. Ipisna karesep jeung kahayang kana ieu kasenian jadi hiji dodoja nu kuat.
Kaparigelan dina ngaronggéng bari nyindén, nganteurkeun Raspi nincak sababaraha luar negeri, jiga Singapura, Australia, jeung nagara lianna. Sapanjang karirna, manéhna geus meunang rupa-rupa pangajén diantarana ti Pemkab Ciamis jeung Pemprov Jawa Barat.
Wanoja nu kiwari umurna 68 ieu nepikeun harepan, yén hiji mangsa hayang meunang panglélér ti Présidén RI, sanajan manéhna nyebutkeun waktuna duka iraha.
“Nya kahoyong mah dilélér pangajén ti Présidén, tapi duka iraha waktosna.” ceuk Raspi.












