PAKUSARAKAN

Tarékah Dédi Mulyadi Leuwih Deukeut jeung Masarakat

×

Tarékah Dédi Mulyadi Leuwih Deukeut jeung Masarakat

Sebarkan artikel ini
Gubernur Jawa Barat Dedi Mulyadi
Gubernur Jawa Barat Dédi Mulyadi. Foto: kompas.com/Aditya Pradana Putra

MEREBEJA.COM – Gubernur Dédi Mulyadi bakal ngantor di lima wilayah karésidénan di Jawa Barat. Tumut kana lima karakter kabudayaan nu aya di Jawa Barat nyaéta Sunda Kidul, Sunda Priangan, Sunda Wétan, Sunda Tengah jeung Sunda Batawi, Sunda Kulon jeung Sunda Batawi.

Ngantorna Dédi Mulyadi di lima karésidénan ieu sangkan masarakat ngabogaan aksés nu leuwih deukeut jeung Gubernur.

“Jadi lima wilayah éta disebut lima pangwangunan kawilayahan, engkéna aya lima karakter di dinya. Kuring ngantorna muter, jadi gubernurna Jawa Barat lain Gubernur nu cicing di Bandun wungkul,” ceuk Dédi, Jumat (29/11/2024).

Dilansir ti Humas Jabar, lima kantor nu bakal dipaké ku Dédi Mulyadi dilengkepan ku layanan nu ngabantu masarakat.

1. Balé Pakuan Padjadjaran (Wilayah Bogor)

Balé Pakuan Padjadjaran ngawengku genep kota kabupatén nyaéta Kabupatén Bogor, Kota Bogor, Kabupatén Sukabumi, Kota Sukabumi, Kabupatén Cianjur jeung Kota Dépok.

2. Balé Jaya Déwata (Wilayah Cirebon)

Balé Jaya Déwata ngawengku lima kota kabupatén nyaéta Kabupatén Cirebon, Kota Cirebon, Kabupatén Kuningan, Kabupatén Majalengka, jeung Kabupatén Indramayu.

3. Balé Déwa Niskala

Bale Déwa Niskala ngawengku genep kota kabupatén nyaéta Kabupatén Garut, Kabupatén Tasikmalaya, Kota Tasikmalaya, Kabupatén Ciamis, Kota Banjar, jeung Kabupatén Pangandaran.

4. Balé Sri Baduga

Balé Sri Baduga ngawengku lima kota kabupatén nyaéta Kabupatén Purwakarta, Kabupatén Karawang, Kabupatén Subang, Kabupatén Bekasi, jeung Kota Bekasi.

5. Balé Pakuan

Balé Pakuan ngawengku lima kota kabupatén nyaéta Kota Bandung, Kabupatén Bandung, Kabupatén Bandung Barat, Kota Cimahi, jeung Kabupatén Sumedang.

Ngantorna Dédi Mulyadi di lima wilayah éta lain ngan sakadar simbolis, tapi mangrupa tarékah sangkan bisa leuwih deukeut jeung masarakat ogé wujud nyata tina sumanget ngalayanan kabutuhan masarakat. Luyu jeung kalimah nu mindeng ditepikeun nyaéta “Lembur Diurus, Kota Ditata”.