MEREBEJA.COM – Jagat kasenian tradisional Indonésia kaleungitan deui hiji pajoang. Bi Pejoh, maéstro kasenian Ronggéng Gunung tilar dunya, Senén (21/4/2025).
Iber ngeunaan tilarna Bi Pejoh ditepikeun ku seniman Ciamis Toni Lesmana ngaliwatan akun Instagramna @lesmanarevolver, inyana nepikeun sungkawa. Toni Lesmana jeung Wida Waridah kungsi nulis naskah téater Sang Kembang Balé anu inspirasina datang ti Bi Pejoh. Naskah éta diaktoran ku Ariel Tatum, dipidangkeun di NuArt Seulpture Park Bandung, Agustus 2024.
“Maéstro Ronggéng Gunung ti Panyutran téh geus indit,” tulis Toni. Inyana ogé nyaritakeun sora has Bi Pejoh nu masih kapireng dina rékaman nu dipaké pikeun ngaropéa naskah.
Malah harita, Bi Pejoh milu lalajo paméntasan Sang Kembang Balé nu diaktoran ku Ariel Tatum di Bandung kalawan gumbira. “Sajarah kuring geus aya di Ariel” ceuk Bi Pejoh.
Iber ngeunaan tilarna Bi Pejoh ieu ditepikeun ogé ku seniman tari Ciamis nyaéta Nénéng Peking, garwa sastrawan kahot Godi Suwarna, nu deukeut jeung almarhumah. Ceuk béja, Bi Pejoh geus lila nandangan kasakit gula darah jeung sesek napas. Sanajan kitu, kasumangetan Bi Pejoh dina nyaritakeun Ronggéng Gunung teu kungsi luntur.
“Ti sabaraha sasih kapengker karaosna. Gulana naek waé, teras sesek, sesah tuang. Bobo waé. Minggon kamari téh Néng nganjang da badé aya nu wawancara. Kaleresan kersa nampi bari bobo. Teu tataros da hawatos ngagolér. Dipencetan, diusapan masih kénéh tiasa ditepangkeun sareng Bi Pejoh.
“Teu ditaros ge hayoh wé ngadongéngkeun jujutan ronggeng gunung. Anu badé wawancara mah nginep tilu dinten, Téh Néng mah harita kénéh gé uih. Teu lami kamari Saptu aya nu ngawartosan Bi Pejoh ka dokter. Di Banjar sesek, séép sabaraha tabung ageung oksigén teu leuheung waé. Kamari dinten Senén (maksudna Minggu), saurna gulana naek deui. Hanjakalna teu kabujeng ngalayad da aya tugas kénéh. Tadi subuh aya wartos ngantunkeun.” ceuk Nénéng Peking nétélakeun.
Bi Pejoh téh salah sahiji tokoh vital dina kalestarian Ronggéng Gunung. Kasenian has ti wewengkon Ciamis jeung Pangandaran. Inyana kacapangan salaku seniman anu panceg, motékar, tur ngabogaan sumanget juang nu luhur, pangpangna dina miara ajén-ajén kasenian lokal. Bi Pejoh téh tokoh nu dipikaajrih pisan, diajén dina jagat kasenian tradisional.
Pikeun Nénéng Peking, Bi Pejoh téh tokoh nu kalintang pentingna dina kasenian tari hususna. “Anjeunna téh tokoh nu dipiharep pisan, ti ngawitan tepang taun 1985. Jalmina tangguh, cerdas, teu gampangan, kudu apal kumaha ngahargaan warisan seni ketuk tilu ieu. Super power. Ngaraos kaleungitan pisan.” ceuk Nénéng Peking.
Numutkeun kana sajarahna, ronggéng gunung mimiti aya alatan cinta jeung dendam Déwi Siti Samboja, putri Prabu Siliwangi anu ka 38, lantaran salakina nyaéta Radén Anggalarang pati dina leungeun bajo atawa bajak laut.
Bi Pejoh, salah sahiji maéstrona, mangrupa simbul ti kaum wanoja nu pengkuh dina mertahankeun ajén kabudayaan. Pajoanganana tangtu abadi, ngancik dina pribadi-pribadi seniwati nu masih panjang lalakon.