PAKUSARAKAN

Lalakon ti Sukatani, Marilih Hirup Jadi Tukang Rujak Bebek

×

Lalakon ti Sukatani, Marilih Hirup Jadi Tukang Rujak Bebek

Sebarkan artikel ini
Nana Sumarna, tukang rujak bebek ti Sukatani, Kabupatén Tasikmalaya. Foto: inilahtasik.com
Nana Sumarna, tukang rujak bebek ti Sukatani, Kabupatén Tasikmalaya. Foto: inilahtasik.com

MEREBEJA.COM – Hiji lembur di Kabupatén Tasikmalaya nyaéta Sukatani, anu kaasup Désa Tanjungsari, Kacamatan Salawu boga sebutan lian, nyaéta kampung rujak. Anu jadi sabab disebut kampung rujak, lantaran hampir 80 persén kasab masarakatna jualan rujak bebek.

“Hampir sa-RT kurang leuwih, warga di dieu mah dagang rujak,” ceuk Nana Sumarna, tokoh masarakat Sukatani, Kemis (3/4/2025).

Nana nyebutkeun, pikeun masarakat di Sukatani mah jadi tukang rujak téh mangrupa pagawéan nu geus turun-temurun. Inyana ogé ngider jualan rujak, eusi rujakna sakumaha ilahar, aya rupaning bubuahan; ganas, jambu batu, jambu haér, hui, bangkuang, jeung balimbing.

Jualan rujak téh lain anyaran, inyana geus leukeun ti zaman rumaja. “Kuring jualan rujak téh mimitina diajak ku pun bapa waktu umur 15 taun. Kiwari geus umur 55 taun, geus boga anak 4, incu 6,” pokna.

Lantaran anakna kabéh awéwé, pagawéan ieu téh antukna dituluykeun ku minantu ti opat anakna, kabéh milih jadi tukang rujak bebek. Inyana nyaritakeun lalampahan hirupna ti mimiti jualan rujak, Nana nerangkeun geus kungsi jualan di kota-kota gedé saperti Bandung, Cianjur, Bekasi, jeung Dépok, Jakarta, kiwari geus 15 taun milih jualan di Bogor. Inyana ogé nerangkeun pait-amisna jualan rujak salila puluhan taun.

“Keur tukang rujak mah bungahna téh lamun seug aya pareng téréh payu. Ari sedihna, lamun cuacana usum hujan, komo deui mun tutuluyan, lain ngan rugi, malah loba nu nepi ka bangkrut,” ceuk Nana nerangkeun.

Aya ogé mangsa tukang rujak meunang untung gedé, minangka nalika aya hiburan atawa aya gelaran acara pamaréntahan. “Di kota mah mindeng aya acara jalan santai, hiburan musik, atawa acara nu diayakeun ku pamaréntah. Sok téréh pisan béakna, paling 3 atawa 4 jam.” pokna.

Ceuk Nana, kauntungan jualan rujak bebek téh biasana satengah tina modal nu dipaké. “Batina mah, saupama modal 150 rébu, batina ogé 150 rébu. Malah mun keur alus mah sok leuwih.” pungkasna.