Ramatloka Warta Sunda
Literasi Digital, Budaya dan Kewargaan

Tempat Nyumput A.H. Nasution jeung Solihin GP

Tong nyawad ajaran batur. Tong ngariksa murid batur. Tong ngéwa ka ulama sajaman. Kudu nyaah ka jalma nu mikangéwa ka anjeun.

Éta amanat ti Abah Sepuh — panaratas pasantrén Suryalaya — téh nerap ka Abah Anom, putrana. “Ulah sok ngaleungitkeun tapak jasa. Urang nyaho alif ti saha?” pok Abah Anom hiji mangsa.

Saleresna jenengan Abah Anom téh Ahmad Sohibul Wafa Tajul Arifin. Wedalna, 15 Januari 1915. Taun 1950 ngagentos ramana, Syéh Haji Abdullah Mubarrok bin Noor Muhammad, nu kawentar Abah Sepuh téa.

Minangka siloka tuturus pamingpin nu neraskeun tapak lacak, Tajul Arifin sok disebat Abah Anom. Pangpangna mah keur ngabéntenkeun tangtunganana sareng Abah Sepuh.

Lalampahan ti mangsa murangkalih dugi ka sawawa, tur dibenum janten pingpinan Pasantrén Suryalaya téh lapampahan nyuprih élmu ngundeur hikmah. Puseur Tariqat Qadiriyah Naksabandiyyah (TQN).

Sabada lulus ti Vervolgschool, teu kendat neuleuman agama ti pasantrén ka pasantrén nu aya di wewengkon Ciamis, Tasikmalaya, jeung Cianjur. Di antarana waé, Ciawi, Cicariang, Jambudipa, Gentur, Cireunggas, jeung Panjalu.

Diwewegan ku Abah Sepuh neuleuman élmu hikmah. Taun 1938, Tajul Arifin munggah haji. Lian ti ngaos di Masjidil Haram ogé ngiring muzakarah tasawuf pingpinan Syaikh Ramli — salah saurang guru TQN kasohor di Arab Saudi — di Jabal Gubaisy.

Konsép zikir nu diluluguan ku Abah Anom bisa nyageurkeun korban narkoba. Rumaja nu kajiret ku obat-obat larangan diaping di Pondok Inabah nu sumebar.

Pesantrén Suryalaya geus jadi kacapangan. Lain waé ayeuna, tapi ti béh ditu kénéh. Jaman perang kamerdikaan, malah kungsi jadi panyumputan A.H. Nasution, Solihin GP, jeung Umar Wirahadikusumah.

Mairan