Ramatloka Warta Sunda
Literasi Digital, Budaya dan Kewargaan

Suku Kuring Mahal Kacida

Maranéhna méré kasempetan ka kuring. Getrét nulisan kartu salambar keur kuring, geus kitu kuring diidinan asup ka rohangan kantor. Atuh bus baé kuring téh. Maranéhna, jalma-jalma di kantor éta balageur pisan.

Kartu pendaptaran kuring ditampanan, bari pokna: “Hm” Kuring ogé tuturuti, “Hm,” ceuk kuring téh deuih.

“Nu mana?” ceuk salah saurang perwira.

“Nu beulah katuhu.”

“Kabéh?”

“Kabéh?”

“Hm,” ceuk manéhna deui. Ti dinya tumpukan keretas diungkabkeun dina méja. Kuring sina diuk.

Sanggeus keretas nu ditéangan kapanggih, manéhna nyarita kieu: “Tah ieu mah sigana pantes keur Sadérék. Pagawéan énténg jeung pikaresepeun. Bisa dipigawé bari diuk. Jadi tukang nyemir sapatu di Taman Hiburan Rayat di Platz der Republik. Kumaha arék?”

“Kuring teu bisa nyemir sapatu. Puguh lantaran sapatu kuring salawasna belewuk waé, kuring jadi sohor.”

“Sadérék bisa diajar,” walonna, “unggal jalma bisa diajar sarupa hal. Komo deui urang mah bangsa Jérman, ulah bauan kana gawé. Sadérék pasti bisa, mun aya kadaék mah. Kursus heula. Gratis.”

“Hm,” kuring ngagereyem.

“Kumaha?”

“Moal,” ceuk kuring, “teu deuk. Kuring mah hayang sotéh pangsiun kuring ditambah, nepi ka nyukupan pikeun hirup sapopoé.”

“Boa anjeun gélo,” manéhna ngajawab. Tapi kuring nyaho, kituna téh henteu terus kana haté, kawantu jalma balageur!

“Kuring jalma waras. Saha pijalmaeunana nu bisa ngaganti suku kuring. Dagang roko gé kuring geus teu sanggup, lantaran ieu suku jadi bangbaluh.”

Éta jalma ngadayagdag dina korsina, ti dinya ngarénghap jero naker.

“Ah, ki sobat,” manéhna ngamimitian deui nyarita sanggeus ngahuleng sawatara jongjonan, “sigana waé suku sadérék téh mahal kacida. Ku taksiran umur sadérék ayeuna aya dua puluh salapan taun. Katingalina ku kuring sadérék téh jalma sabar jeung hadé haté. Iwal mun ngeunaan suku sadérék. Anggap waé sadérék bakal hirup nepi ka umur tujuh puluh taun. Geura ayeuna urang itung: tujuh puluh mark sabulan, jadi dua welas kali jero sataun. Ayeuna itung deui: dua welas kali opat puluh hiji kali tujuh puluh. Pék itung deui ku sorangan. Geus baé geura popohokeun, najan sakumaha pentingna suku sadérék. Ulah nyangka ngan suku sadérék baé nu nasibna cara kitu téh. Tadi sadérék nyebutkeun pangsiun hayang ditambah. Maap, tapi ieu mah enya-enya gélo!”

“Juragan nu saé manah,” walon kuring, bari tuturuti ngadayagdag tuluy ngarénghap jero naker, “Sigana waé anjeun nganggap énténg suku kuring. Suku kuring mahal kacida, kacida mahalna. Ceuk anjeun kuring jalma hadé haté, bisa jadi. Tapi anjeun mangka uninga, kuring téh jalma mantangul ayeuna, regepkeun!”

“Waktu kuring teu loba.”

Judul asli My Expensive Leg, tina New World Writing, 7th Mentor Selection.

Duduh Durahman Sastrawan | Kritikeus Sastra Sunda

“Regepkeun,” ceuk kuring. “Suku kuring geus bisa ngajait jalma réa tina balai. Maranéhna ayeuna keur senang ngahenang-ngahening, hirup tina pangsiun. Ari lalakonna kieu: Kuring nyorangan di front. Mancing musuh, ngarah babaturan bisa nyaringkah dina waktuna. Maranéhna hayang buru-buru ngejat, tapi tangtu waé ulah gereges gedebug. Markas Besar aya di tukang. Tadina mah kuring duaan jeung babaturan, tapi teu ku hanteu manéhna kasambut. Manéhna henteu ménta duit ti anjeun, lain? Enya, manéhna geus kawin, tapi pamajikanana jagjag waringkas jeung bisa digawé. Jadi anjeun henteu kudu salempang, manéhna bakal ménta pangsiun. Nyawa sobat kuring téa geus dijual murah pisan. Kakara opat minggu jadi tentara, harga nyawana teu leuwih mahal batan kartu pos salambar katut barang tékték bengék lianna. Tapi dina hiji hal mah henteu beunang dipungkir: manéhna prajurit anu tagen jeung ngésto. Manéhna gugur salaku pahlawan. Tah, kuring enya-enya nyorangan, tatu jeung ngahodhod kabulusan. Kuring hayang buru-buru ninggalkeun ieu naraka. Kuring cengkat, tuluy lumpat sakalumpat-lampét, basa ….”

“Waktu kuring henteu loba,” nyarita kituna téh bari katatang-kotéténg api-api néangan patlot.

“Henteu. Regepkeun heula,” kuring teu tolih, “ayeuna bagian nu pangpentingna. Basa rék lumpat pisan, karasa aya nu teu bérés dina suku kuring. Kuring henteu bisa cengkat, atuh geuwat bé kuring ngisarahan ka maranéhna sangkan buru-buru mundur. Maranéhna ukur tadah paréntah ti nu di luhur: mimiti Markas Besar Divisi, ti dinya MB Brigade néma kana pos komando batalion jeung saterusna. Carita nu pikaréréhéeun, lain? Tangtu, lantaran maranéhna nepi ka poho ka kuring. Bet dilurkeun kitu baé. Anjeun paham kana maksud kuring? Kitu téa mah da puguh rusuh!

Mémang carita nu pikasebeleun. Sabab mun téa mah kuring henteu kaleungitan suku, maranéhna geus jadi mayit kabéh, Jénderal, Kolonél, jeung Mayor — sakabéh perwira senior — anjeun kudu mayar pangsiun keur maranéhna. Ayeuna urang itung, sabaraha hargana suku kuring. Jénderal lima puluh dua taun, Kolonél opat puluh dua taun jeung Mayor lima puluh taun. Maranéhna jagjag waringkas, éstu séhat jasmani rohani. Ku jalan nempuh kahirupan militér, maranéhna bisa hirup nepi ka dalapanpuluh taun, cara Hindenburg.”

” Tah, ayeuna urang itung: saratus genep puluh kali dua welas kali tilu puluh – urang ratakeun waé umur maranéhna tilu puluh taunan. Suku kuring bener-bener mahal, hiji ti antara suku nu sakitu lobana nu hargana mahal kacida. Éh, anjeun ngaregepkeun atawa henteu?”

“Ah, bener-bener gélo, anjeun!” ceuk manéhna.

“Henteu,” walon kuring, “Kuring henteu gélo. Nu pangsué-suéna mah naha kuring henteu tiwas baé saméméh suku kuring katémbak. Mun kitu téy meureun kulawarga kuring bisa ngumpul-ngumpul duit.”

“Jadi kumaha, rék ditarima moal pagawéan téh?”

“Moal,” walon kuring bari ngaléos.

Heinrech Boll lahir di Cologne taun 1917. Salaku prajurit infanteri manéhna geus ngacacang di front-front Éropa ti taun 1939-1945. Kungsi ditahan di kamp POW, di Perancis beulah wétan. Ti taun 1947 nulis carita pondok, satir, jeung novel. Taun 1972 meunang hadiah Nobel pikeun kasusasteraan ti Akademi Swédia.