Ramatloka Warta Sunda
Literasi Digital, Budaya dan Kewargaan

Si Baplang Mulang Tarima

Pa Saija dipareng meunang milik rada gedé, tuluy indit ka Parungkujang. Di Parungkujang nepungan Ki Éméd urang Leuwikeusik, nanyakeun munding anu nya gering nya kuru, sugan arék dijual. Ki Éméd atoheun pisan, munding gering bet aya nu nawar.

Bérés babadamian, cukup ka Kuwu jeung saksi, hargana sawelas pérak. Tuluy munding téh ku Pa Saija dibawa balik.

Datang ka lemburna munding téh dirawat, diurus dihadé-hadé. Ari tukang ngangonna, anakna Si Saija budak leutik.

Si Saija nyaaheun pisan ka munding téh. Nya kitu deui Ambu Saija, getén tulatén pisan ngarawat nu gering téh. Dicekokan diubaran. Komo parab mah meunang Si Saija ngarit, sapoé dua sundung leutik. Si Saija jeung mundingna nyobat kacida.

Munding téh iceus pisan, kawas nu ngarti kana omongan jelema. Ku Pa Saija dingaranan Si Baplang, lantaran tandukna baplang matak gigis. Mun ngagadil téh nu digadilna pasti budal-badil. Tapi ku Si Saija mah éta tanduk téh diusapan jeung ditepakan.

Teu ngendek tilu bulan, geringna cageur. Awakna lintuh jeung lingsig, tanagana bedas pisan. Ka Si Saija pohara nurutna, dikitu-dikieu téh daék waé.

Unggal poé mun tas ngawuluku, sawedna ku Si Saija diudaran, tuluy digirongkeun ka tegal pangangonan, campur jeung babaturanana.

Mun mundingna keur aranteng nyatuan, barudak téh aranjeucleu tingarungkleuk dina tonggongna, bari teu eureun-eureun karakawihan jeung taretembangan atawa narabeuh taléot, marengan sora kolécér nu ngéar luhureun pasir.

Ari nu sok ditembangkeun ku Si Saija, di antarana pupuh Pucung, anu kieu téa geuning:

Lutung buntung luncat kana awi bitung, monyét tataékan, bajing luncat kana réndé, jaralang mah resep ku panjang buntutna.

Sawaréh barudak téh areundeuk-eundeukan dina tangkal jambu batu.

Eundeuk-eundeukan lagondi, meunang peucang sahiji, leupas deui ku nini, beunang deui ku aki.

Pabuburit munding téh ku barudak digiringkeun ka leuwi cukang, rék digaruyang. Si Saija jeung babaturanana tingulutud alancrub ka leuwi. Bari ngagarosokan mundingna masing-masing ku jukut garing, barudak téh silih simbeuh, silih suntrungkeun, tingjarerit tingcéréwét, bangun anu saruka-ati pisan.

Sanggeus sareubeuheun saruka-suka, barudak téh haranjat, tuluy maraké deui pakéan. Munding-mundingna digiringkeun ka kandangna masing-masing. Saméméh asup ka imahna, Si Saija maraban heula mundingna, tuluy mirunan supaya mundingna ulah digembrong ku reungit.

Hiji mangsa Si Saija ngangonna mencil ti babaturanana, di sisi leuweung deukeut dungus. Keur jongjon tumpak munding bari kakawihan, Si Baplang ngadak-ngadak sesegor jeung ngabadugan pundukna sorangan, kawas nu méré isarah yén aya balai.

Geus kitu Si Baplang téh dangah, bangun anu taki-taki. Si Saija pohara kagéteunana, duméh bet béda ti sasari.

Keur kitu Si Saija reuwas, ngadéngé Si Astam ngajerit. “Saija, Saija, geuwat nyingkah! Tegarkeun éta munding, aya maung dina dungus!”

Si Astam jeung baturna, buriak moro ka lembur bari narumpakan mundingna, digaredig lumpat tarik. Ari Si Saija kasima nénjo maung rék kaluar tina dungus téh.

Kabur pangacianana Si Baplang ngagibegkeun awakna, nepi ka Si Saija ragrag ngadapang. Si Baplang rikat ngaléngkahan Si Saija, dijagangan tuluy taki-taki.

Maung bijil tina manjah, rikat ngarontok, tapi ditampanan ku Si Baplang ku tandukna, bres tanduk parat tina beuteung kana tonggongna. Ku Si Baplang digibegkeun, mecleng jauh peujitna budal-badil, ngalangsud bari ngagaur. Ku Si Baplang diburu, lebah huluna ditaladung mani remuk. Si Belang teu engap deui. (R.B. Muik)

Manglé No. 677 | Taun XXII | 5 April 1979

Mairan