Ramatloka Warta Sunda
Literasi Digital, Budaya dan Kewargaan

Putusan Juri Hadiah Sastra Rancagé 2018

NU kacatet tepi ka minggu kadua bulan Januari 2019, aya 30 judul buku basa Sunda nu medal taun 2018 téh. Tingal baé tabél di handap. Tina iber ti Geger Sunten, pausahaan buku di Bandung, aya deuih 32 judul buku carita nu digambaran wedalan taun éta kénéh. Ku nu medalkeunana disebutna téh “cargam”. Jumlah-jamléh 62 judul.

Nu disebutkeun pangheulana, nu 30 judul téa, kaitung réa rupana. Aya novél atawa roman, novélét, kumpulan carita pondok, carita wayang, carita silat, dongéng, guguyon, kumpulan fiksimini, kumpulan sajak, kumpulan eséy, carita bacaeun barudak, jeung naskah drama. Teu wudu euyeub, sasat unggal golongan bacaan aya wawakilna.

Réréana karangan anyar, kaasup karangan heubeul nu anyar dibukukeun. Ukur aya hiji buku pindo citak, karangan klasik ti Moh. Ambri, Dongéng-dongéng Sasakala. Kayungyun ku para pangarang senior, ti H.D. Bastaman tepi ka Godi Suwarna, nu tetep produktif. Atuh pangarang alanyar ti entragan jaman digital, utamana nu giat dina pakalangan fiksimini, tingpucunghul. Hasil-hasil karancagé ngarang jaman digital, nu publikasina ngamangpaatkeun média digital, tetep méré andil kana tradisi publikasi warisan jaman pradigital. Geus dalit jeung média digital, teu poho ka média citak.

Lain di Bandung baé sumebarna karep medalkeun buku Sunda téh. Lian ti nu geus maneuh kayaning Pustaka Jaya, Geger Sunten, jeung Kiblat Buku Utama, aya deuih nu haat di sababaraha kota boh individu boh komunitas. Di Kuningan, Ciamis, Tasikmalaya, jeung kota lianna di Jawa Barat teu weléh aya inisiatif. Malah aya buku nu medal di luareun Jawa Barat, hiji di Banten, hiji deui di Bantul.

Naskah drama nu matak kayungyun téh deuih. Pantes meunang pangbagéa kawantu geus sakitu lilana taya nu medal. Tuda kacipta hésé bélékéna usaha medalkeun buku drama mah. Tumali ka sasaran nu macana, babakuna mah. Ongkoh pan buku drama mah pintonkeuneun, najan aya ogé nu resep maca buku drama cara maca roman atawa puisi. Kamelang mah geus ti béh ditu mula. Taun 2009, upamana, Paguyuban Panglawungan Sastra Sunda (PPSS) ngayakeun pasanggiri ngarang naskah drama basa Sunda. Moal boa jolna tina kamelang éta gé. Ayeuna sasat kajawab. Sadua-dua: Hutbah Munggaran di Pajajaran yasana Yus Rusyana jeung Ciung Wanara yasana Bambang Arayana Sambas.

Buku Hutbah Munggaran di Pajajaran ngawadahan dua naskah: “Hutbah Munggaran di Pajajaran” jeung “Cahaya Maratan Waja”. Saenyana mah ti taun 1960-an kénéh éta naskah nu dua téh geus aya, ngan kakara ayeuna medal winangun buku. Cara nu ditataan ku éditorna dina panganteur kana ieu buku, lian ti ngarang “Cahaya Maratan Waja” (1964) jeung “Hutbah Munggaran di Pajajaran” (1965), Profésor Yus gé ngarang naskah drama “Si Donca” (1966), “Rékening” (1967), “Ngadagoan Si Jabang” (1968), jeung “Tukang Polka” (1968). Medalna naskah nu dua sugan baé baris ngajurung medalna naskah nu lianna. Nyaah temenan mun ukur aya dina catetan tapi teu kapanggih di pabukon. Pon kitu deui naskah beunang para pangarang entragan sabadana, kaasup hasil tina pasanggiri téa, mudah-mudahan bakal nyusul jadi buku.

Dina buku Bambang Arayana, sutradara jeung aktor teater moyan di Bandung, basa Sunda dibaturan ku basa Indonésia. Dina panganteur katut instruksi pintonanana, Ciung Wanara maké basa Indonésia. Dialog ti antara para tokoh nu ngalalakonna mah maké basa Sunda. Giat ngahirup-huripkeun “pop opera” ti dasawarsa 1990-an, Bambang teu weléh napak kana tradisi lokal, hususna tradisi carita pantun. Ku nu nyusunna ieu naskahna téh disebut “opera purna drama” kalayan format libretto. “Demi menjangkau aprésiasi yang lebih luas (generasi muda atau non-Sunda), beberapa bagian sengaja memakai bahasa Indonesia,” kitu ujaring Bambang dina panganteur Ciung Wanara. Aya daptar pustakana, ciri bukti kaparigel nu nyusunna dina enggoning ngali bahan-bahan pintonananana.

Novél aya dua, nyaéta Sabobot Sapihanéan Sabata Sarimbagan karangan almarhum Mh. Rustandi Kartakusuma jeung Absur karangan H.D. Bastaman.

Tina babasan Sunda judul novél Rustandi téh. Ku nu ngarangna, ieu karangan disebut “roman katresnan”. Rustandi ngasongkeun gambaran idéal geunaan tali asih nu sajati, nu ngawujud dina lalakon ngeunaan Ir. Tatang Danudireja jeung garwana Anah. Ir. Tatang urang kota, lulusan ITB, bagian ti masarakat élite di Bandung, campur gaul jeung kalangan pangagung di Jawa Barat, ari Anah asal ti Pasirhuni, urang kampung. Duanana silih pikaasih geugeut pisan. Enya gé sok aya nu moyok ngahina, kawantu jalma sok aya bé nu sirik pidik belang bayah, teu ieuh ngabengkahkeun harmoni batin ti antara maranéhna. Enya gé kolot Tatang nganggap Anah “hina jeung hinaeun”, teu ieu jadi gangguan keur maranéhna. Tali katresnan ti antara salaki pamajikan téh éstuning teu kaganggu ku rupaning perbédaan kayaning ménak jeung cacah, urang kota jeung urang kampung, pangagung jeung bulu taneuh, jsté.

Kumpulan carpon aya tilu: Carios Si Urat Emas karangan Godi Suwarna, Lalakon Kadalon-dalon karangan Déri Hudaya, jeung Kembang Mayang karangan Emha Ubaidillah. Judul buku Déri sarua pisan jeung judul salah sahiji carpon Godi. Kabeneran baé tayohna. Dina Carios Si Urat Emas, nu judulna diala tina judul salah sahiji carpon nu diwadahanana, kakumpulkeun salapan carpon Godi ti ahir dasawarsa 1990-an, persisna taun 1997 jeung 1998, akhir jaman Orde Baru.

Dina golongan kumpulan sajak, aya nu maké basa Sunda dialék Banten. Ku nu ngarangna disebut “kumpulan sajak Sunda Banten”, nyaéta Lolongkrang Haté Indung yasana Kurotuaéni. Pangarangna tedak Menés, Pandéglang. Nu medalkeun bukuna matuh di Sérang, Banten. Aya kaparigel ngaluginakeun basa wewengkon cara nu karasa tina kecap kula, kotok, doang, jeung sajabana. Kari leuwih tarapti baé ngabebenah deui salah citak dina draf buku méméh dicitak.
Béh ditu, inisiatif ngaluginakeun basa wewengkon kungsi dipaju ku Hadi AKS, pangarang asal Banten nu geus lila nganjrek di Lémbang, Bandung Barat. Taun 2018 Hadi ngumumkeun kumpulan sajakna, Tembang Matapoé.

Karya tarjamahan aya dua, nyaéta Mutiara tarjamahan Atép Kurnia tina The Pearl karangan John Steinbeck jeung Prabu Anom tarjamahan Syauqi Stya Lacksana tina Le Petit Prince karangan Antoine de Saint-Exupéry. Atép Kurnia kasebut pangarang anu parigel pisan lain baé dina nulis prosa katut puisi jeung nulis tarjamahan tapi deuih dina ngadokuméntasikeun bahan-bahan bacaan ngeunaan sastra katut budaya Sunda. Inyana tolab élmu di jurusan sastra Inggris, Universitas Islam Negeri (UIN) Sunan Gunung Djati, Bandung, tepi ka tamat. Kana tulas-tulis jeung nyusun tarjamahan mah geus dipaju méméh neruskeun sakola ka paguron luhur gé, malah bisa disebutkeun éstuning otodidak. Mutiara tarjamahan Atép méméhna kapidangkeun minangka carita nyambung dina mingguan Galura dina taun 2013. Buku Prabu Anom dieuyeuban ku aksara Sunda, di sagédéngeun aksara Latin cara nu geus ilahar. Caritana hiji, tipografina dua. Katémbong sumanget pikeun ngaluginakeun lain baé basa Sunda, tapi deuih aksara Sunda.

Carita silat deuih nu medal taun 2018 téh. Wangsa Suta karangan Pajar Sidik, pangarang tedak Sukabumi nu nganjrek di Bandung Barat, medar carita silat ngeunaan kasaktén para jawara di wewengkon Sukabumi sabada runtagna Pajajaran. Ieu carita méméhna dipidangkeun kalayan nyambung dina majalah Sunda Midang.

HADIAH RANCAGÉ

Sabada dibaca tur ditimbang-timbang girang pangajén nangtukeun tilu nominee pikeun Hadiah Sastra Rancagé, nyaéta kumpulan carpon Carios Si Urat Emas karya Godi Suwarna, Tembang Matapoé karya Hadi AKS, jeung Sérah karya Éris Risnandar. Tiluanana nyongcolang boh ditilik tina jihat eusina, boh ditilik tina jihat pidanganana. Ampir taya salah citak, gambar jilidna pantes, hurup-hurupna geunah dibaca. Tiluanana maké panganteur sangkan nu maca henteu poékeun. Tiluanana némbongkeun yén aya kadariaan anu leuwih ti nu ngagarapna.

Nominee kahiji nyaéta buku kumpulan carpon Si Urat Emas karya Godi Suwarna. Dumasar kana katerangan ti nu milihna, eusina 9 carpon nu dipilih tina 20 leuwih carpon karya Godi Suwarna nu can kungsi dibukukeun. Buku kumpulan carpon Godi anu munggaran nyaéta Murang-maring (1985), nu kadua Serat Sarwasatwa (1995). Kumpulan carpon kadua kasinugrahaan Hadian Sastra Rancagé dina taun 1996. Dina Si Urat Emas dimuat carpon “Lalakon Awon” nu jadi pinunjul I Pasanggiri Ngarang Fiksi Paguyuban Pasundan, Hadiah Sastra D.K. Ardiwinata, taun 1997. Tang baé, ieu buku mangrupa karya petingan.

Maca carpon-carpon anu aya dina Carios Si Urat Emas, katangén tangtungan Godi Suwarna anu pengkuh, henteu unggut kalinduan, ngeukeuhan nulis carpon dina gaya anu teu réalis alias nu teu prah jeung carpon-carpon Sunda umumna, nu dianggap “nyaliwang” ti tradisi carpon Sunda. Tapi, ditempo tina jihat nu leuwih jembar mah kalah sabalikna, carpon-carpon Godi téh malah leuwih ngakar dina tradisi carita Sunda pra-carpon. Carpon-carpon Godi leuwih raket jeung tradisi dongéng, carita pantun, atawa wawacan. Godi teu bina ti nu ngahudangkeun deui imaji carita Sunda buhun dina rakitan basa tur imaji sastra modérn. Carpon-carpon nu aya dina Carios Si Urat Emas masih kénéh kabeungkeut ku krédona, nyaéta “menolak tradisi, bertolak dari tradisi”.

Nominee anu kadua nyaéta buku kumpulan sajak Tembang Matapoé karya Hadi AKS. Ieu buku mangrupa kumpulan sajak karya Hadi anu kadua. Kumpulan sajakna anu munggaranana, nyaéta Ombak Halimun nu medal dina taun 2002. Kawas carpon-carpon Godi Suwarna dina Carios Si Urat Emas anu neruskeun gaya saméméhna, sajak-sajak Hadi dina buku Tembang Matapoé ogé neruskeun napas sajak nu aya dina buku Ombak Halimun. Tembang Matapoé ngamuat 43 judul sajak nu ditulis dina 2002 tepi ka taun 2018.

Kawas dina Ombak Halimun, sajak-sajak Hadi nu aya dina Tembang Matapoé mangrupa sajak-sajak liris, nyaéta sajak-sajak anu ngagunakeun citraan alam pikeun ngagambarkeun éksisténsi manusia boh minangka individu boh sosial. Diksi “tembang” dina judul buku nandeskeun yén sajak-sajak liris Hadi téh ngaréprésentasikeun kanyataan dina wirahma, rima, katut nada anu ditata kalayan apik. Tumali jeung kontémplasi sual hakékat karasa leuwih anteb dina liris. Cara dina sajak “Hiji Puisi Lahir”, “Langit Peuting” atawa dina sajak “Karéta nu Terus Kebat”. Tapi pikeun ngébréhkeun kritik sosial atawa protés sosial, tanaga liris téh bet asa pabéntar jeung jejerna. Cara dina sajak “Dongéng ti Sakola” atawa “Aya Sajak”.

Nominee anu katilu nyaéta buku kumpulan sajak Sérah karya Éris Risnandar. Béda jeung Tembang Matapoé anu leuwih “tartib” dina milih kecap tur midangkeunana, kumpulan sajak Sérah mah leuwih “bébas”. Bébas dina nada, sikep, katut pilihan kecapna. Kawas nu katémbong tina judulna, sajak-sajak Éris mah henteu ngasongkeun “tata”, tapi némbongkeun “gangguan”, kawas sérah “nu melag dina elak-elakan sajarah”.

Konsékuensi tina sikep modél kitu, Éris bisa leuwih laluasa milih pakakas luyu jeung kapentinganana. Aya nu lantip, aya nu mailibir, tapi aya ogé anu togmol tur culangung. Éris henteu wungkul ngagunakeun subyék lirik “kuring” jeung “anjeun” nu leuseuh dipaké ku para panyajak, tapi kalayan merenah ngagunakeun “uing”, “aing”, “manéh”, atawa “sia” kalayan leuwih tandes. Dina Sérah aya kantugenah, kakeuheul, kasadaran, birahi, jst. Wangunna bisa panjang, tapi bisa pondok, ukur 3 kecap ka-4 judul. Sajak bisa baé lain diwangun ku hurup-hurup, tapi ku angka-angka (Angka Jétu). Dina 45 judul sajak nu aya dina éta buku Éris bangun nu hayang nandeskrun yén sajak mah lain ngan ukur wirahma, purwakanti, témpo, atawa sora. Sajak mah dunya anu ngénclong atawa ngagebur dina hiji kecap, nu ngan bisa direbut ku lantaran aya kecap lianna nu jadi babandingan.

Sabada ditimbang-timbang nya ditetepkeun, yén anu kasinugrahaan Hadiah Sastra Rancagé taun ieu téh nyaéta buku:

Kumpulan Sajak Sérah karya Éris Risnandar
(Silalatu, Kuningan, 2018).

HADIAH SAMSUDI

Aya dua buku bacaeun barudak mah, nyaéta Pohaci Nawang Wulan karangan Ai Rohmawati jeung Piala keur Ema karangan Santi Susanti saparakanca.

Buku nu disebutkeun pandeuri beunang ngarang sababaraha urang. Eusina carita-carita pondok bacaeun barudak. Cara nu ditepikeun dina panganteur ti éditorna, nu medalkeun ieu buku méméhna nyumebarkeun uar pangajak ku perantaraan media sosial. Para pengarang dihiap sangkan nyarieun karangan keur barudak. Sanggeus ngumpul terus dipilihan, disarungsum, tur diumumkeun dina ieu buku.

Nu hiji deui buku hasil karancagé Ai Rohmawati. Ai téh pangarang tedak Garut, lahir 6 Séptémber 1986. Tolab élmu di Jurusan Pendidikan Bahasa dan Sastra Sunda, Universitas Pendidikan Indonesia (UPI), Bandung, tepi ka lulus. Sakolana diteruskeun ka Universitas Padjadjaran (Unpad) tepi ka lulus taun 2013. Sapopoéna ngajarkeun basa Sunda di Mandarasah Aliyah Negeri (MAN) 1 Garut. Méméh ngumumkeun Pohaci Nawang Wulan, Ai geus mindeng ngumumkeun tulisanana dina koran katut majalah basa Sunda. Milu aub deuih di pakalangan Patrem, organisasi pangarang ti kalangan kaom istri.

Pohaci Nawang Wulan nyaritakeun kahirupan sapopoé budak awéwé anu ngaranna Pohaci Nawang Wulan, nénéhna Cici. Manéhna téh budak pahatu lalis, nu terus dirorok ku kulawarga bibina, sasat jadi lanceuk keur kapiadina, Adam, nu saentragan. Budak téh calakan, wanian, tur soléhah. Raporna punjul, wani adu hareupan jeung barudak lalai, rajin nabung, jeung tabah kana ngapalkeun Qur’an. Pangalamanana nu dicaritakeun dina ieu buku museur di imah, sakola, jeung lingkungan sabudereunana. Panjangna ukur dalapan bab, tur unggal-unggal babna bisa dibaca cara urang maca carpon baé. Bisa ogé ti bab ka bab téh dibaca cara urang maca novél, dina harti ngaruntuy, raranggeuyan, ti awal tepi ka ahir. Carita dibuka ku jalan ngadongéngkeun paripolah barudak dina mimiti bulan puasa, dipungkas ku jalan nyaritakeun préstasi Cici tamat diajar di sakola dasar.

Buku téh, cara pantesna buku bacaeun barudak, dieuyeuban ku gambar ilustrasi karya Ayi R. Sacadipura, salah saurang ilustrator moyan nu geus ngahasilkeun pirang-pirang gambar boh keur pidangan koran jeung majalah boh ke pidangan buku. Aya saeutik nu jadi kahanjakal tumali ka hubungan antara gambar jeung carita. Salah sahiji bagian carita, dina bab katujuh, nyaritakeun pangalaman Cici diajar ditiung. Céngcélénganana dibuka, ladang nabung terus dipaké meuli tiung, nya ti harita mimiti ngabiasakeun manéh ditiung. Hartina, méméhna mah Cici can biasa ditiung. Ari dina gambarna, kajaba dina bab kadua, katémbong yén ti anggalna kénéh Cici geus ditiung.

Ku kitu ku kieu dina Pohaci Nawang Wulan nu ngarang geus hasil nepikeun ajén-inajén atikan keur barudak ku perantaraan carita anu réalistis. Barudak nu maracana moal boa dipiharep suhud diajar, getol ngaji, daék nabung, nurut ka kolot, jeung ati-ati mun jajan di sakola. Caritana ngaguluyur kalawan ungkara basa nu basajan tur struktur kalimah nu singget. Persuasif pisan, teu karasa mapatahan. Kawasna pantes mun ieu buku aya di sakola, kabaca ku barudak sakola, ngeuyeuban bahan bacaan, ngabeungharan bahan pangajaran.

Ku kituna, nu ditetepkeun meunang Hadiah Sastra Samsudi téh nyaéta buku:

Pohaci Nawang Wulan karya Ai Rohmawati
(Pustaka Jaya, 2018).

Bandung, 18 Januari 2019

Hawé Setiawan & Téddi Muhtadin

Daftar Buku Sunda Wedalan Taun 2018

No. Judul Pangarang Wedalan Golongan Katerangan
1 Sérah Éris Risnandar Silalatu, Kuningan Kumpulan sajak
2 Tembang Matapoé Hadi AKS Geger Sunten, Bandung Kumpulan sajak
3 Daweung Panineungan Nanang Sos Rima Karya, Kumpulan sajak
4 Kelir Wanci E. Suhartini Buana Grafika, Bantul Kumpulan sajak
5 Lolongkrang Haté Indung Kurotuaéni Gong Publishing, Sérang Kumpulan sajak Basa Sunda dialék Banten
6 Ngaderes dina Gerentes Nanang Sos Rima Karya Kumpulan sajak
7 Hutbah Munggaran di Pajajaran Yus Rusyana Pustaka Jaya, Bandung Drama
8 Ciung Wanara Bambang Arayana Sambas Pustaka Jaya, Bandung Drama Panganteur & instruksi pintonan maké basa Indonésia
9 Absur H.D. Bastaman Pustaka Jaya, Bandung Novél
10 Sabobot Sapihanéan Sabata Sarimbagan Mh. Rustandi Kartakusuma Kiblat Buku Utama, Bandung Novél
11 Kapahung di Luhur Panggung Nanang Sos Rima Karya, Novél
12 Prabu Anom Antoine de Saint-Exupery/tarj. S.S. Lacksana Kiblat Buku Utama, Bandung Novélét Tarjamahan; aksara Latin jeung Sunda
13 Mutiara John Steinbeck/tarj. Atép Kurnia Layung, Garut Novélét Tarjamahan
14 Carios Si Urat Emas Godi Suwarna Silantang, Bandung Kumpulan carpon
15 Lalakon Kadalon-dalon Déri Hudaya Kéntja Press, Ciamis Kumpulan carpon
16 Kembang Mayang Émha Ubaidillah Adicikal Raharja, Kumpulan carpon
17 Dina Tetelar Kawaas Nanang Sos Rima Karya, Kumpulan carpon
18 Piala keur Ema Santi Susanti saparakanca Geger Sunten, Bandung Kumpulan carpon Bacaeun barudak
19 Pohaci Nawang Wulan Ai Rohmawati Pustaka Jaya, Bandung Novélét Bacaeun barudak
20 Kaduhung Maéhan Lutung Nanang Sos saparakanca Rima Karya Kumpulan dongéng karya babarengan
21 Ganjaran Kahadéan Usép Romli H.M. Kiblat Buku Utama, Bandung Kumpulan dongéng
22 Dongéng-dongéng Sasakala Moh. Ambri Kiblat Buku Utama, Bandung Kumpulan dongéng Pindo citak
23 Koruptor Sajati Gaus Firdaus Baita, Kumpulan fikmin
24 Kandaga Serat Rucita Achiel Syam saparakanca Pustaka Jaya, Bandung Kumpulan fikmin Karya babarengan
25 Siluman Buhaya Yuyun Yulistiani Geger Sunten, Bandung Kumpulan fikmin
26 Séréngéh: Heureuyna Bobotoh Persib Nanang Sos Rima Karya, Kumpulan lulucon
27 Carita Jaman Emas Antologi babarengan Pustaka Sunda, Kumpulan éséy Karya babarengan
28 Pamatri Literasi Atép Kurnia (editor) Komunitas Ngéjah, Tasikmalaya Kumpulan éséy Karya babarengan
29 Asmara Rudira: Carita Wayang Carangan Ki Djodjo Hamzah Carita wayang
30 Wangsa Suta: Dumasar tina Sasakala Sukabumi Japar Sidik Mataholang, Bandung Carita silat

Mairan