Ramatloka Warta Sunda
Literasi Digital, Budaya dan Kewargaan

Maung Méh Tumpur

Tradisi moro maung nu lumangsung taun 1900-an kudu ditebus mahal. Munasabah, taun 1950 jumlah maung nu kapaluruh ukur aya 25. Morogol lantaran diboro tur jadi hiburan. Baheula kasebutna Rampogan Sima.

Lain waé maung (Phantéra Tigris) nu harita sok diboro téh, macan tutul (Panthera Pardus) jeung macan kumbang (Panthera Pardus Mélas) ogé dibeberik.

Rampogan di Kediri 1890-1925 | Tropen Museum

Mun geus beunang, dileupaskeun di lapang. Dikepung dilalajoanan. Kawas ngadu bagong. Mun maung atawa macan rék kabur, dipanggang ku tumbak.

Taun 1980, International Union for The Conservation of Nature and Natural Resources (IUCN), nyindekkeun macan Jawa mah geus lastari (tumpur).

Poto BBKSDA Riau

Nasib Maung Sumatera (Panthera Tigris Sumatraé) ogé kiwari pikalewangeun. Najan kakolomkeun sato nu ditangtayungan ku nagara, tapi angger waé remen jadi korban jail kaniaya.

Anyar kénéh Balai Besar Konservasi Sumber Daya Alam (BBKSDA) Riau narima laporan, maung bikang kajiret di wates désa Muara Lembu jeung Pangkalan Indarung, Salasa (25/92018).

Kepala Balai Besar KSDA Riau, Suharyono cikerih, alatan maung bikang téh baris jadi tuturus pikeun ngalahirkeun anak maung nu kiwari geus langka. “Éta maung téh keur keureuneuh. Pianakeunana dua, ogé jadi korban,” pokna.

Mairan