Ramatloka Warta Sunda
Literasi Digital, Budaya dan Kewargaan

Opat Ranperda dina Rapat Paripurna DPRD Kabupatén Tasikmalaya

SINGAPARNA, MÉRÉBÉJA–Geus jadi pancén nu utama keur DPRD mah nyusun sarta mutuskeun Perda (peraturan daérah) téh. Taun ieu baé, cacak beunang kasebut awal taun kénéh, DPRD Kabupatén Tasikmalaya geus nyakuan opat Rarancang Perda (Ranperda). Kari mutuskeun dina rapat paripurna.

Ranperda nu opat téh nyaéta: Kahiji, Ranperda Tata Ruang Wilayah (RTRW) Kabupatén Tasikmalaya tahun 2018-2038. Kadua, Ranperda Perubahan Bentuk Badan Hukum Perusahaan Daérah Bank Perkreditan Rakyat (BPR) Kabupatén Tasikmalaya jadi Perusahaan Perséroan Terbatas Bank Perkréditan Rakyat. Katilu, Ranperda Pengelolaan Barang Milik Daérah. Kaopat, Ranperda Pemberdayaan Perempuan dan Perlindungan Anak.

Numutkeun H Ami Fahmi ST, minangka Ketua Komisi IV DPRD Kabupatén Tasikmalaya, Ranperda nu opat téa téh jolna ti Éksékutif, Bupati Kabupatén Tasikmalaya.

Najan kitu, Ami ku anjeun sapuk mun sakabéh Ranperda nu tadi disahkeun jadi Perda taun ieu. Cohagna mah supaya teu boga hutang, cenah. Matak satékah polah rék dituntaskeun saméméh bupati marén.

“Mangpaatna ageung pisan pami éta Ranperda nu opat disahkeun janten peraturan daérah téh. Kahiji, ku ayana Ranperda Tata Ruang Wilayah upamina, pamaréntah daérah tiasa langkung laluasa dina nangtoskeun pangwangunan tata ruang, sareng baris kagambar deuih kumaha zonasi daérah téh,” ceuk Ami.

Sual Ranperda nu patali jeung Perlindungan Perempuan dan Anak gé geus jadi pameredih balaréa, cenah. Utamana saprak mahabu kasus katelengesan ka budak jeung kaum wanoja.

“Pamaréntah daérah tangtos dipiharep hadir dina pasualan ieu. Nu mawi, Perda Perlindungan Perempuan dan Anak diperyogikeun pisan,” cenahna deui.

Di pihak séjén, Bupati Adé Sugianto gé nandeskeun yén Kabupatén Tasikmalaya kalintang butuhna ku Ranperda Tata Ruang Wilayah téh. Sabab ka dituna baris jadi hukum babon pangwangunan daérah, geusan ngaronjatkeun karaharjaan masarakat.

“Tina hasil mutalaah, rupina Ranperda Tata Ruang Wilayah taun 2011-2031 téh masih kénéh aya nu kedah dirévisi. Utamina kedah luyu sareng kaperyogian sareng kamekaran lingkungan nu stratégis,” ceuk Adé.

Anapon Ranperda nu kadua, cenah sarua pentingna deuih. Sabab kasebutna badan usaha milik daérah (BUMD), Perusahaan Daérah Bank Perkréditan Rakyat (PD BPR) téh minangka pakakas Pemda geusan ngali poténsi ékonomi nu gedé mangpaatna keur karaharjaan masyarakat. Ayeuna baé, numutkeun Adé, PD BPR téh geus hasil ngadeudeul paékonomian daérah.

“Atuh ku kituna, ngokolakeun PD BPR téh perlu dironjatkeun. Paling copél kedah nohonan prinsip-prinsip tata kelola pausahaan nu hadé. Good corporate governance,” cenah.

Adé gé ngécéskeun réhna Pemda Kabupatén Tasikmalaya kungsi boga 30 PD BPR BKPD jeung bank pasar. Dumasar Perda Kabupatén Tasikmalaya Nomor 4 taun 2010, nu 30 PD BPR téh terus baé dibeungkeut-heureutkeun jadi ngindung ka PD BPR LPK Cipatujah, PD BPR Artha Sukapura, jeung PD BPR Artha Galunggung.

Jol deui Perda Provinsi Jawa Barat Nomor 10 tahun 2013, patali jeung Perubahan Bentuk Hukum PD BPR hasil mérger di Kabupatén Garut, Subang, Cianjur jeung Tasikmalaya. Nyaéta, PD BPR kudu robah wangun badan hukum jadi Perséroan Terbatas (PT).

Ku sabab kitu, ti samet 21 Janwari 2016, PD BPR LPK Cipatujah mah terus robah wangun badan hukum jeung ngaran jadi PT BPR Cipatujah Jabar. Hartina aya kénéh dua deui PD BPR di Kabupatén Tasikmalaya nu can robah wangun badan hukum jeung ngaranna téh.

“Ieu rupina nu ngajurung perluna aya parobahan dina Perda téh. Dina Ranperda parobihan tina PD BPR kana PT BPR téh aya 18 bab sareng 41 pasal,” cenah.