Negér Sarung di Masigit

oleh -542 views

Sup ka hiji masigit. Sarung nyampay dina tambang. Ras inget ka mangsa lawas. Jaman keur budak di pakampungan.

“Geuning jaman kiwari gé aya kénéh nu sok negér sarung di masigit,” ceuk haté.

Ngalaman sok negér sarung di masigit téh taun 1990-an pertengahan. Kira umur welasan taun. Mangsa-mangsa diajar jeung numanan salat.

Harita mah apan kolot téh sakitu geténna nalingakeun barudak, paya teu liwat salat. Rék anak saha baé, asal wawuh jeung salembur, teu kagok ditanya; “Ari silaing geus salat?” Mun acan, sok terus digelendeng, terus dijurungkeun salat. Nepi ka ngaguguna éta téh.

Duka ti mana jolna, barudak bet boga idé negér sarung di masigit. Maksudna mah nyimpen sarung di masigit. Disampaykeun kana tambang paragi kasang nu mindingan rohangan jang lalaki jeung awéwé.

Sakitu raweuy ku sarung, ajengan jeung kolot di lembur tara geureuhan. Tara protés (upamana) pédah sareukseuk katénjona. Siga kitu wé pangalaman aranjeunna gé.

Tujuan negér sarung nyaéta supaya dina dur bedug (utamana mah Lohor jeung Asar), barudak teu kudu marulang heula ka imah. Kari wudu. Bus ka masigit. Rap sarung. Cong salat.

Enya, apan arulin mah kadar disarontog. Harita téa atuh, kasebut ginding mun dicalana panjang téh. Komo jeans mah. Salembur hiji nu boga sigana téh. Dipakéna gé mun pelesir wungkul deuih.

Ari sontog, kacida praktis. Sasairan, barén, gobag, ngadu kaléci, moro langlayangan, ngadu gambar, anyang-anyangan jeung ulin naon baé gé; laluasa maké sontog mah.

Jadi, mun salat, teu meunang henteu kudu disarung. Tara miduli naha baju téh beresih atawa henteu. Hapeuk ku késang gé dianggap kaci baé salat mah. Asal teu ledok teu lamokot ku leutak jeung taneuh. Jeung…, disarung, tangtuna gé. Ari sontog mah sok diporosotkeun heula.

Keuna keur horéam mah sok jadi tanaga, negér sarung di masigit téh. Di mana indung atawa bapa nanya, “Ari silaing geus salat?”, gasik baé ngajawan, “Atos!” Padahal mah acan.

“Iraha siah?!”

“Tadi, atuh!”

Kolot nyureng, anak milu nyureng. Nyureng asa kapanggih bohong.

“Geuning teu katingali balik ka imah. Apan kudu disarung ari salat!”

“Apan geus negér sarung di masigit. Jung wé tingali buktina mah ka masigit!”

Kolot téh sok éléh geus dikitukeun mah. Jep baé. Léos teuing ka mendi deui. Barudak jarongjon deui baé arulin. Teu siga-siga boga dosa. Abong budak!

Sakapeung mah sok aya kétang kolot nu noong ka masigit, tina jandéla. Duka teu percaya ka anakna, duka sakadar hayang ngayakinkeun. Da ari sarung mah pasti nyampay dina tempatna.