Ramatloka Warta Sunda
Literasi Digital, Budaya dan Kewargaan

Mapag Putu Wijaya

Pikeun kanca nu mikareueus kana seni panggung hususna téater. Tangtu geus pada apal yén dina tanggal 27 November 2018 di Gedung Kesenian Tasikmalaya baris digelar hiji acara gedé.

Hajat rongkah ceuk Mang Ihin mah. Mang Ihin téh salah sahiji aktor kahot nu aya di Tasik. Sapopoéna idek liher di sabudeureun gedung kasenian.

Hamo bireuk deui ka Mang Ihin mah, pangawakna nu jangkung badag matak soak mun seug nempo dedeg pagadadegna. Jeung Téh Dian (bojo na). Duaan ngokolakeun kios nu aya di émpéran gedong. Rada genah ogé mére aran pausahaana téh. “Warung Teladan” singetan tina Telat Dahar Edan.

Ujug-ujug, sawangan téh ngajangkungan. Diawang-awang bari ngawawaas. Tangtu waé Ieu aya pisan pakual-pakaélna jeung hajat rongkah nu dimaksud ku Solihin Mitun (Mang Ihin téa).

“Rék kadatangan Gegedén téater urang téh euy”
“Nya, gegedén saha Mang?” uing némpas bari nyaneut kiripik sampeu
“Heuh, pan Pa Putu Wijaya téa.”

Derekdek Mang ihin nyaritakeun Yén gegedén nu dimaksud téh para inohong nu geus ledug ku tapak enggoning ngokolakeun seni panggung (téater). Katénjo roman bungah jeung reueusna Mang Ihin harita.

Abong uing atuh, bet ngadadak seueul beuteung. Rét kana tutulisan nu ngajeblag, Rét ka nu keur latihan. Didinya aya Ki Asjum, Mang Aji, Mang Goong. Latihan keur maen dina poéan nu geus ditangtukeun dina pamflet téa.

“FESTIVAL PUTU WIJAYA” kitu pisan unina nu katangén.

“Bupati Sinting… Sontoloyo” Jol rajleng ti béh wétan, tingcorowok bari ngawang-ngawang pakarang.

Reup geuneuk ray pias. Rék teu reuwas kumaha, nenjo barudak jiga nu kasurupan jurig jarian, papakéan degig rerewigan, badis urang leuweung. Tengah lapang dina mangsa keur usum werit modél kiwari asa matak ringrang. Pepeta bari ngemu amarah rongkah, siga-siga nurék ngarogahala. Kadéngé pisan sora hiji lalaki, sorana ngeleter nyarékan ka Bupati.

Singhoréng geuning keur latihan. Barudak ti Téater Dongkrak. Salah sahiji komunitas Kasenian nu geus Moyan, remen makalangan di Tasik mah.

Samalah bulan kamari meunang layang pangajen ti Wali Kota Tasikmalaya, tutas mentas di Rumentang Siang Bandung dina Festival Drama Basa Sunda. Ki Jabo Widiyanto nu jadi sutradarana.

Wanoh jeung Téater Dongkrak téh lain kamari soré, geus aya welasan taunna. Sanajan uing mah tara malah can pernah ngékting babarengan jeung nu liana tapi teu sapangaresep ku kumpul ngariung saling surahan saling élingan ku enggoning pangalaman ti séwang-séwangan, remen jadi panglumpatan.

Tangtuna dina acara ieu, Teater Dongkrak kapéto jadi paminton nu pangheulana, mawakeun Naskah “Aum” Yasana Kang Putu Wijaya.

Naon ari Aum, uing sorangan teu pati neuleuman leuwih jero. Ngeun kacindekeun sajeroning lalajo latihan nu dipingpin ku Jabo. Ieu naskah leuwih keuna kana pasualan jero rumah tangga, kumaha jeung saha ari pangimpin anu samistina, nu wijaksana nubisa ngajeujeuh pakeun ka balaréa.

Anak-pamajikan mah saukur rahayat nu ronghéapna saluyu jeung tekonan nujadi Pangimpin. Kaadilan, karancagean Pangimpin bisa katempo ku waluyana Rahayat dina jero aturan nugeus jadi kamupakatan balaréa.

Naon sababna Dongkrak milih Aum?
Mun di cocokologikeun jeung kaayaan pamaréntahan ayeuna. Utamana di Tasikmalaya bagéan Kabupatenan. Pan geus jadi sabiwir hiji kasus anu tumiba ayeuna téh. Pajabatna loba nu korup.
Dina naskah Aum ieu bisa kabandungan ku Urang saréréa. Kumaha sikep nukudu diagem ku pamingpin.

Ceuk Mang Ihin téa mah sing bisa jadi Teladan pikeun Rahayat. Teladan Lain Harti Telat Dahar Édan tapi sing bisa jadi conto, panutan nu di gugu di tiru. Lain sauyunan ngahakan dana hibah. Pan édan. (Knéz Zékrém)

Mairan