Ramatloka Warta Sunda
Literasi Digital, Budaya dan Kewargaan

Manarasa, “Jajamu” Awét Ngora Dayang Sumbi

Tangkubanparahu, Sang Kuriang, jeung Dayang Sumbi téh tilu ngaran nu teu bisa dipisahkeun. Urang Sunda bihari mah geus teu bireuk kana dongéng sasakalana téh. Duka mun barudak kiwari.

Hiji hal nu can pati réa dipikanyaho ku balaréa: naha Dayang Sumbi bisa awét ngora? Cacak Sang Kuriang geus déwasa, Dayang Sumbi mah nu jadi indungna teu pisan ngolotan. Atuh basa duanana paamprok deui–satutas lila pisan papisah–téh jol silih pacantél ati baé. Lir sapasang rumaja. Nu geulis jeung nu kasép.

Ceuk urang Tangkubanparahu mah, cenah lantaran Dayang Sumbi resep kana bongborosan. Minangka nu jadi jajamu awét ngorana téh pucuk Manarasa. Tangkalna ngan jadi di biwir gawir Kawah Putih. Daunna renyek. Pucukna kayas.

“Saur sepuh mah matak awét anom, nuang pucuk Manarasa téh, sapertos Dayang Sumbi. Tangkalna mung jadi di dieu. Nenggang wé kitu, teu kaselapan tangkal sanésna. Éstuning Manarasa wungkul. Margi kitu, suburna téh ku walirang,” cék Sodikin nu geus welasan taun nganjrek deukeuteun Kawah Ratu.

Semu kesed, pucuk Manarasa téh. Aya pait jeung haseuman deuih. Ngeunah mun dilalab. Dipaké coél sambel tarasi. Malah ku urang dinya mah sok dipaké tamba nyeri beuteung. Atawa nyinglar nikotin keur nu sok udud.