Ramatloka Warta Sunda
Literasi Digital, Budaya dan Kewargaan

Jurig Pocong Bungkeuleukan

MÉRÉBÉJA – Di hiji pabukon atawa perpustakaan kampus di Bandung geunjleung. Jurig pocong némbongan tur karékam ku kaméra hapé. Écés katara. Bungkeuleukan.

Salah saurang patugas nu keur pikét, panasaran. Duméh aya nu ngolébat bodas. Laju ditéangan, bari nojokeun kaméra.

“Bieu sayah nempo, teuing, rada bodas. Tapi euweuh ka belah dieu mah,” pokna.

“Lebah mana?” Ceuk baturna. “Tah belah tihang,” langsung ditémbalan.

Katémbong salah saurang baturna diharudum sarung. Nu hiji deui maké jékét semu bulao diuk nyarandé kana témbok. Nu hiji deui ngilu nyérangkeun nu keur midéo.

Teu lila ti harita, enya waé. Kawénéhan. Aya hiji tangtungan ngabelegedeg sarwa bodas. Tali boéh mangkék luhureun sirah kawas beungkeut paré saeundan. Pocong téa kasebutna.

Nu aya di dinya ngarénjag. Istigfar jeung takbir kabetuskeun. “Euleuh aya bener. Aya! Tingali. Astagfirullahaladim! Alah éta. Éta!” Ceuk nu ngaméra.

Nu lian ngilu mairan. “Allohuakbar, Allahuakbar, Allahuakbar!” Kabireungeuh kawas nu reuwas kacida. Sorana hariweusweus.

“Itu bener. Itu leumpang, euy!”

Heup nepi ka dinya. Éta vidéo sumebar sawatara waktu ka tukang. Kungsi jadi kacapangan atawa viral. Ditelek-telek siga nu enya. Lain rékayasa. Najan bisa waé éta vidéo téh ukur jijieunan.

Mairan