Ramatloka Warta Sunda
Literasi Digital, Budaya dan Kewargaan

Jelema mah Samilikna-samilikna

Di lembur kuring nu ngawarung téh aya opatanana. Geura wé: Ceu Mimi, Bi Ining, Bi Uju jeung Bu Euis. Nya kaitung loba mun dibandingkeun jeung lembur tatangga, sakampung téh ngan aya dua warung. Kitu ogé pajarauh.

Kuring lain géhgéran hayang wawarungan téh. Ngarasa kesel mun keur ditinggalkeun digawé ku salaki, kesel ngadago salaki datang, tamba euweuh gawé. Nya ku duit saaya-aya kuring mimiti wawarungan.

Bareng jeung kuring tatangga di béh kulon heuleut tilu suhunan ti imah, ngadegkeun warung deui, jeung leuwih pepek. Kuring mah tamba kesel téh saenyana. Balanja ogé dua atawa tilu poé sakali. Teu cara itu unggal poé balanjana ka pasar, angkaribung.

Dina antara warung-warung nu heubeul, aya saurang nu mikangéwa ka kuring. Kituna téh alatan pédah kuring wawarungan. Padahal ceuk kuring ogé tadi, kuring mah wawarungan téh tamba kesel cicing di imah. Teu ngahaja-haja, da puguh modalna saeutik. Modélna téh deuih nu mikangéwa, Bi Uju, bet wawaréhan, ka kuring wé wungkul, ka tatangga nu bareng ngadegkeun warung anyar mah henteu. Anéh puguh gé.

Nénjo dagangan geus rada parongpong ti soré, subuh kuring kudu balanja. Da éra mun nu meuli nanyakeun dagangan, heug euweuh waé.

Kabeurangan hudang téh, tabuh lima isuk-isuk kuring karék indit ka pasar. Rurusuhan balanja, sieun kabeurangan muka warung. Sanggeus nu dicatet-catetkeun ti peuting kabeuli mah, clak waé kana béca. Balik.

Nu dagang di pasar sakitu ngaleuyana, geuning teu burung parayu daganganana. Samilikna-samilikna puguh jelema mah

Suryati | Kac. Régol, Bandung dimuat dina Manglé No. 571 Taun XX – Maret 1977

Ari imah kuring téh ayana di gang, heureut, ukur asup dua béca gé maksakeun.

Satengah genep meureun kuring balik ti pasar téh. Teu disangka, di lawang gang nu asup ka lembur, béca anu ditumpakan pasanggrok jeung béca anu ditumpakan ku Bi Uju, kawasna karék rék indit balanja. Kabeurangan tayohna mah. Pédah saluhureun kuring ka Bi Uju téh, jeung kuring mah da teu ngéwa ka manéhna, pok ditanya (rarasaan) adab naker.

“Nembé badé angkat, Bi?” ceuk kuring teu tinggaleun imut. Sugan téh rék némbalan, ari hég kalah ka jatetet wé baeud. Ngadadak haseum budina téh.

“Itu Bu, ditaros …” ceuk Mang Béca ka Bi Uju, kadéngé ku kuring da béca nu ditumpakan téh nyisi, jalanna dilaunkeun.

“Tuda ngéwa Ibi mah,” ceuk Bi Uju. “Warung saloba-loba, kalah hayoh wawarungan,” cenah.

Seuri haté mah ngadéngé caritaan Bi Uju. Jelema mah samilikna-samilikna bet aya sieun kasoro sagala rupa. Nu dagang di pasar gé sakitu ngaleuyana, geuning teu burung parayu daganganana. Samilikna-samilikna puguh jelema mah. Ari ieu Bi Uju kawas teu percaya kana milik téh.