Ramatloka Warta Sunda
Literasi Digital, Budaya dan Kewargaan

Jasa Chéng Ho keur Kabudayaan Cirebon

Urang Cirebon teu poho ka Chéng Ho. Malah ngahaja seja manjangkeun ingetan patali jeung jasa-jasana. Tarékahna ku cara ngulik bukti neuleuman titinggal sajarah.

Poé Senén (26/11/2018), kalayan alpukahna Dinas Kabudayaan, Pariwisata, Pemuda, dan Olahraga; sawatara urang Cirebon medar perkara tapak lacak Laksamana Chéng Ho. Tempatna di Aston Cirebon Hotél, Jalan Brigjénd Dharsono, Kabupatén Cirebon. Filolog Cirebon di antarana nu ngajejeranna gé. Rafan S Hasyim.

Dumasar kana hasil panalungtikan, Rafan bisa nandeskeun badagna jasa-saja Chéng Ho keur kabudayaan Cirebon. Malah pangaruhna masih kénéh karasa nganteng tug nepi ka ayeuna.

“Titinggal Chéng Ho seueur rupina. Ti kawit wangunan gedong weweg sapertos masjid sareng kelenténg, paparabotan, dugi ka élmu panemu kamaritiman. Di antawisna aya nu gaduh ciri mandiri,” ceuk Rafan.

Ciri mandiri arsitéktur jaman Chéng Ho téh di antarana suhunan tilu umpak. Nu ceuk perkiraan mah éta téh hasil tina prosés adumanis antara kabudayaan Jawa jeung Cina. Aya deui titinggalna téh nu beunang ditingal tina ornamen piring, karancagé nyieun barang garabah jeung pakakas ngala lauk nu dingaranan anco.

“Pami dina katiangan mah, pangaruh Chéng Ho téh témbong dina nasi Jamlang. Éta téh apan katuangan has Cirebon. Nanging pami ditalungtik deui semu-semu aya pangaruh ti Cina,” ceuk Rafan.

Nu utamana pisan mah jasa Chéng Ho téh geus ngawanohkeun urang Cirebon kana Islam. Ieu agama terus nyaliara ngawarnaan rupaning kabudayaan.

Mairan