Ramatloka Warta Sunda
Literasi Digital, Budaya dan Kewargaan

Icikibung jeung Kaulinan Barudak

MÉRÉBÉJA – Kaulinan barudak diobyagkeun. Para nonoman nyieun simpay, nu katelah Icikibung. Nguriling ti sakola ka madrasah laju ka tempat lian. “Nya kitu téa, ieu mah rombongan resep ulin, Kang,” cék Abah Irwan, salahsaurang kokolotna.

Leuwih ti 20 kaulinan barudak sok dipintonkeun, bari campuh jeung nu lalajo. Kabéh diajak ngilu aub. Nu resep dam-daman nguliwed ka sisi, diajak maén. Aya ogé kaulinan békles jeung congklak.

Jajangkungan disampakkeun ogé. Luncat tali, cacaburangé, paciwit-ciwit lutung, oray-orayan, pérépét jéngkol, jeung kaulinan séjén geus jadi kacapangan Icikibung.

“Lain saukur ulin tapi bari neuleuman ajén-inajén budaya lokal,” pokna. Tina kaulinan barudak urang bisa ngundeur hikmah. Diajar ngawisik diri. Aya sipat gotong royong, maca paroman batur, nepi ka ngajarkeun demokrasi sagala. “Lengkep,” pokna deui.

Homo ludens. Manusa mah mahluk resep ulin. Kitu cék Johan Huizinga, ahli palasipah urang Walanda. Bukuna, Homo Ludens, a Study of Play Element in Culture medal taun 1938.