Ramatloka Warta Sunda
Literasi Digital, Budaya dan Kewargaan

Hadé ku Basa Goréng ku Basa

Basa téh kedalna rasa, boh mangrupa lisan atawa tulisan nu ngandung harti, pikeun nepikeun angen-angen ka nu séjén.

Ku kituna, basa téh kacida pentingna, lantaran nya basa nu minangka jadi alat geusan nepikeun gerentes haté.

Pangaruh basa dina hirup kumbuh kacida gedéna, teu bisa dilalaworakeun. Ku basa, nu hésé jadi gampang, nu korét bisa jadi balabah, nu gakang bisa jadi bageur, nu ambek bisa jadi leler, nu bodo bisa jadi pinter.

Kitu sotéh mun bener metakeunana, tapis dina ngaracikna, bérés éntép seureuhna, dibarengan ku alus anggah-ungguhna, dipirig ku budi manis, sopan santun nu luyu kana kuduna.

Sabalikna, mun salah carana ngolah, loba nu tijalikeuh, cilaka lantaran basa. Teu kurang-kurang nu cilaka lantaran salah ucap. Mana aya saur sepuh: hadé ku omong goréng ku omong, hadé ku basa goréng ku basa.

Éta sababna anu matak urang perlu nyaho kana unak-anik basa, sabutuhna ulah nepi poékeun teuing.

Sabisa-bisa basa anu mangrupa tulisan ogé sing cara basa lisan. Tegesna lamun dibaca, boh lentongna, boh randeganana wirahmana sing cara dina basa lisan.

Pikeun ngudag ieu tujuan, ku padika para ahli nya rinéka ciri bacaan. Kitu deui tata carana nuliskeun basa diatur kumaha kuduna, ulah gagabah sagawayah.

Lebah dieu pereluna ulikan paramasastra.

Paramasastra Sunda | 1959