Ramatloka Warta Sunda
Literasi Digital, Budaya dan Kewargaan

Gelar Tapak Suci di Situ Gedé

MÉRÉBÉJA – Sihoréng, Panglima Besar Jénderal Sudirman kungsi jadi santri di Binorong, Banjarnegara. Guguru ka KH. Busro Syuhada nu kasebut jadi pamiangan paguron silat Tapak Suci. KH. Busro ogé boga murid adi-lanceuk, A. Dimyati jeung M. Wahib.

Duanana dititah ngumbara. Dimyati ka kulon, Wahib ka wétan. Hasil lunta téh teu gaplah. Namper tur kabéhdieunakeun jadi sikep nu ngadadasaran para pendékar Tapak Suci.

Lalakonna panjang. Singget carita, Tapak Suci gumelar poé Jumaah, 10 Rabiulawal 1383 H/31 Juli 1963 M di Pasantrén Aisyiah Kauman Yogyakarta. Tapak Suci ngahijikeun sababaraha paguron silat nu teu akur.

Tarahalna jalan sorangeun geus kaliwat. Kiwari Tapak Suci hibar ka mana-mana. Kaasup ka wewengkon Tasik. Anyar kénéh pisan, jurus-jurus Tapak Suci dipintonkeun di Situ Gedé, Ahad (16/9/2018), alpukah Tasik Sarakan Kuring (Tasakur) gawé bareng jeung Déwan Kasenian Kota Tasikmalaya.

Pupuhu Pangwarah Tapak Suci, cabang Gunung Roay, H. Mus Suherman jeung Opik Taopik, katangén marengan ibing silat minangka pinton wewesén para pendékar.

“Budaya karuhun tong kalindih ku budaya deungeun. Ieu seni ibing silat, salah sahiji cukang ihtiar ngawewegan kabeungharan budaya pituin,” ceuk H. Muhtar nandeskeun.

Mairan