Ramatloka Warta Sunda
Literasi Digital, Budaya dan Kewargaan

Dipirucaan Jajan

Saréréa ogé sakur nu boga anak mah tangtu nyaah. Tapi loba jalma nu nyaahna ka anakna téh salah. Apan aya basa nyaah dulang.

Budak leutik tacan bisa ngomong-ngomong acan, ana ceurik sok geuwat dibawa ka warung. Dibébénjokeun kana kahakanan.

Pék dipangmeulikeun coklat atawa naon waé sarupaning kadaharan. Sok dibikeun ka budak. Am dihuapkeun. Bet ngeunah, tuluy répéh.

Dua-tilu kali kitu, tina mindengna nénjo, jadi ngarti, yén nu dibikeun téh beunang ngahilian ku barang salambar atawa buleud. Malah sakapeung mah sok dikeupeulkeun ka budakna.

Jadi saméméh ngomong, geus ngarti digawéna duit. Nalingakeun kana jajan. Budak leutik pisan, upama ceurik sok diupahan ku duit, tina geus nyaho téa gawéna, sok tuluy baé répéh. Malah sok nunjuk-nunjuk ka warung nu sok dibeulian téa.

Sagala rupa ogé aya nu mirucaan. Teu béda jauh jeung kaayaan pulitik kiwari nu tiis-tiis jahé. Para calon legislator kudu sadia bekel keur meuli goréngan, bikeuneun ka nu rék marilih.