Ramatloka Warta Sunda
Literasi Digital, Budaya dan Kewargaan

Baruang ka nu Ngararang

Ré-Publik Saptuan di gedong Yayasan Pusat Kebudayaan (YPK)

Ceuk Kang Darpan, aya tilu jurus nu kudu diperhatikeun ku sing saha waé nu hayang jadi pangarang. Kahiji, milih réalitas mana nu rék dicicingan, kadua, napsirkeun éta réalitas, katilu, cara ngolahna tepi ka jadi karya.

Dina sawala saptuan, nu diayakeun ku Ré-Publik Saptuan di gedong Yayasan Pusat Kebudayaan (YPK), Bandung, Saptu, 6 Oktober 2012, ieu pangarang buku kumpulan carpon “Rusiah Kaopatwelas” téh cumariosna. Ngahaja tebih-tebih diulem ti Garut, kanggo muka “rusiah” tina perkara ngarang, utamana ka para pangarang nu biasa nulis fiksimini basa Sunda di ramatloka. Untung sorangan datang. Mun seug henteu, tada teuing nguyungna saumur-umur. Lebar ku élmuna.

Dina sawala anu jejerna “Ngolah Réalitas jadi Karya anu Béngras”, Kang Darpan medar jurus nu tilu. Lebah milih réalitas, cenah, antarana waé pangarang bisa milih réalitas dumasar kana tempat dumukna. Saperti pangarang Hadi AKS atawa Rohéndi Pandeglang nu asalna ti Banten upamana. Réa ngangkat ngeunaan réalitas kahirupan nu aya di wewengkon Banten. Boh basana kitu deui kahirupan masarakatna. Atawa lain waé seting pilemburan anu diangkat téh. Bisa waé kahirupan masarakat urban nu aya di kota.

Kitu deui lain waé réalitas nu didominasi ku kaom lalaki. Réalitas kaom wanoja gé bisa jadi bahan karangan nu hadé. Saperti Holisoh ME. nu ngarang “Kembang-kembang Petingan” upamana. Nu ngangkat kahirupan awéwé bangor di pangungklukan. Holisoh ngagugat kamunapékan masarakat bari parigel dina ngagambarkeunana kalawan réalistis tur hirup. Padahal anjeunna téh guru. Cék Kang Darpan, Holisoh sacara sadar milih éta réalitas dina mosisikeun dirina salaku pangarang.

Dina napsirkeun réalitas, réa pangarang nu kajiret ku tapsiran anu formal. Maksudna mah carita téh ditémbréskeun pisan hideung bodasna. Mun hideung téh bener-bener hideung, bodas téh bener-bener bodas. Padahal di wilayah abu-abu ogé teu kurang-kurang pasualan mah. Bisa jadi réalitasna mah sarua, tapi tapsiranna béda-béda.

Darpan méré conto, pangarang Iskandarwasid jeung Us Tiarsa, nu kungsi ngarang carpon ngeunaan kahirupan dogér Karawang. Kitu deui anjeunna kungsi nulis carpon “Nu Harayang Dihargaan” nu nyaritakeun ngeunaan kahirupan dogér Karawang. Sarua réalitas nu diangkatna mah. Tapi masing-masing pangarang boga tapsiran anu béda dina ngangkat réalitas dina karyana.

Lebah ngolah réalitas tepi ka jadi karya mah, cenah, patalina jeung urusan téknik nulisna. Kumaha nyieun plot, kumaha ngagambarkeun latar, jsb. Ieu pasualan penting lantaran bisa jadi pangarang ngangkat réalitas nu sarua, cara napsirkeunana sarua, tapi cara ngolahna anu béda.

Darpan nyontokeun pangarang Godi Suwarna. Antarana waé dina carpon “Uwak-awik”. Apan réalitas nu diangkatna mah sarua baé jeung nu remen diangkat ku pangarang séjén, nyaéta ngeunaan réalitas sosial di masarakat. Tapi dina cara ngolahna, témbong pisan Godi mah bédana jeung pangarang nu lian. Cék Agus Sarjono téa mah surialis cenah karya Godi téh. Cék Ajip Rosidi mah absurd. Aya deuih nu nyebutkeun dékonstruktif atawa ngajungkirjumpalikeun réalitas.

Mun jurus tilu ieu dileukeunan ku pangarang, insyaalloh cenah, karangan téh bakal nenggang, béda ti nu lian. Bawirasa, lain urusan nenggang-nengangna teuing nu dimaksud ku Kang Darpan mah. Ngarah karangan téh hadé, teu jadi baruang ka nu ngarangna. Apan teu saeutik cenah nu ngarang téh asal trét waé. Méh séd saeutik ti curhat. Réalitas téh teu diolah, istuning sacéréwéléna.

Atuh kantenan temahna matak bias. Manakomo apan pedaran téh miangna tina fénomena tulisan nu aya di sosial média. Sakotrét téh korék api kurang-kurangna mah. Cék kuring nu ieu mah. Lain cék Kang Darpan.

Ibnu Hijar Apandi | 7 Oktober 2012

Mairan