Ramatloka Warta Sunda
Literasi Digital, Budaya dan Kewargaan

Anu Burung Diangklungan

Abong biwir teu diwengku, abong létah teu tulangan. Sagala dicaritakeun teu jeung jeujeuhan. Ngomong sangeunahna, kajeun matak teu ngeunah ka batur.

Saha éta téh?

Saha waé ogé bisa keuna ku owah gingsir. Rék jalma masakat atawa nu jugala. Sarua waé. Teu dipanta-panta. Bisa ngarandapan. Boa urang ogé dina hiji mangsa mah kungsi kitu.

Sakapeung sok aya nu ngélingan. Sakapeung mah sok aya nu ngahucuhkeun. Anu burung diangklungan, anu gélo didogdogan, anu édan dikendangan.

Anu gedebul dihaminan supaya tambah maceuh. Ditanggap. Digareuhgeuykeun. Disaleungseurikeun. Mun kalalanjoan sok poho nincak di bener jeung salah. Rarasaan bener sorangan. Salah di batur. Asa aing uyah kidul.

Teu sadar keur nyeungseurikeun diri sorangan. Neukteuk curuk dina pingping. Bisa nyilakakeun baraya atawa batur sagolongan.

Heup wé saheulaanan. Urang teundeun di handeuleum sieum, tunda di hanjuang siang, paranti nyokot mindahkeun. Narik napas sajongjonan.

Malahmandar leuleus jeujeur liat tali. Gedé timbangan, sabar darana, henteu geutas harupateun.

Salam literasi.

1 Koméntar
  1. […] Ilikan : Anu Burung Diangklungan […]

Mairan